Thursday, June 21, 2018

Soal Ulangan Bahasa Sunda Kelas 1 SD

Kadaharan Sehat
Awak urang merelukeun kadaharan. Jumlahna kudu cukup. Kadaharanana oge kudu sehat. Ulah tambarakan sagala didahar. Waktuna dahar oge kudu diatur deuih kalawan tartib.
Anu disebut jumlahna cukup teh nyaeta loba teuing ulah, saeutik teuing oge teu meunang. Lamun urang dahar tepikeun ka kamerekaan, eta teh hartina dahar urang loba teuing. Kamerekaan teh karasana nyeri kana beuteung. Malah sakapeung mah sok hayang utah sagala rupa.
Sabalikna lamun urang geus dahar tapi beuteung karasana lapar keneh, eta teh hartina dahar urang saeutik teuing. Tangtu wae loba saeutikna jumlah kadaharan anu didahar teh beda-beda di unggal jalma.
Ukuranana mah gampang, lamun urang dahar terus laparna leungit eta hartina cukup.
Ari anu disebut kadaharan sehat teh rupa-rupa, diantarana barangna jeung cara ngasakanana. Anu dimaksud barangna sehat teh nyaeta kadaharannana teu ngandung bahan-bahan anu pibahayaeun. Kadaharan teh kudu diasakan heila deuih, kajaba lalab jeung bungbuahan. Rea kadaharan anu matak pibahayaeun lamun teu diasakan heula. Omat ulah tambarakan sagala didahar! Kadaharan anu sehat teh anu kaasup kana istilah ”Empat Sehat Lima Sempurna”.
Waktuna dahar kudu maneuh, ulah sakasampeurna. Usahakeun dina sapoe teh dahar tilu kali. Ku cara kitu, awak urang bakal tahan tina kasakit.
I. Cakra (x) dina salah sahiji aksara a, b, c atawa d  di hareupeun jawaban anu pangmerenahna !


1.          Awak urang merelukeun……
a.        Kadaharan   b. ngadahar    c. tidahar  d. didahar
2.          Kadaharan teh kudu……
a.        Saeutik        b. cukup         c. mahal          d. murah
3.          Ukuran dahar anu cukup nyaeta……
a.        Loba                       c. kamerekaan
b.        Saeutik                   d. Lamun geus dahar leungit laparna
4.          Dahar loba teuing teh cirina……
a.        Lapar keneh                          
b.        Teu napsu kana dahar                     d. Kamerekaan
c.        Lamun geus dahar leungit laparna  
5.          Kadaharan teh kudu nu……
a.        Ngeunah                                c. mahal
b.        Sehat                                     d. murah
6.          Alusna mah dahar dina sapoe teh ……
a.        Sakali                                     c. tilu kali
b.        Dua kali                  d. opat kali
7.          Nu disebut kadaharan sehat teh nyaeta……
a.        Teu ngandung pibahayaeun
b.        Teu kudu diasakan heula
c.        Kudu diasakan saban rek dahar
d.        Hargana mahal
8.          Waktuna dahar kudu……
a.        Sakahayang                           c. paciweuh
b.        Sakasampeurna                     d. maneuh
9.          Kadaharan anu teu kudu diasakan heula nyaeta……
a.        Cai         b. bungbuahan       c. beas           d. lauk
10.       Kadaharan anu kudu diasakan heula contona……
a.        Lalab      b sambel   c. permen   d. daging
11.       Kemerekaan teh karasana nyeri kana……
a.        Leungeun   b. suku                c. beuteung             d. sirah
12.       Lamun urang hayang sehat, kade dahar teh ulah……
a.        Tambarakan                          c. nu sehat
b.        Maneuh                                  d. nu mahal
13.       Lamun geus dahar, tapi laparna keneh hartina……
a.        Daharna cukup      c. daharna salah
b.        Daharna loba                         d. daharna kurang
14.       Lamun geus dahar, tuluy laparna leungit tapi beuteung eungap jeung nyeri hese ngambekan hartina……
a.        Kalaparan              c. kapiuhan
b.        Kamerekaan          d. kasurupan
15.       Lamun kadaharan urang sehat, awak urang moal……
a.        Jagjag                    c. cageur
b.        Ngeusi                    d. geringan
Baca wacana guneman di handap!
Utara          : “Nembe sasarap, Ran?”
Rani            : “Muhun, tadi di rorompok teu kabujeng, gugah kasiangan da. Dupi Utari tos sasarap?”
Utari           : “Tara sasarap Tari mah. Sok Utari hoream sasarap teh?”
Rani            : “Har….ituh! Ulah dibiasakeun kitu tah. Bahaya eta the!”
Utari           : “Bahaya kumaha, Ran?”
Rani            : “Yeuh, lamun teu sasarap heula teh bisa salatri. Awak leuleus, sirah lieur. Kapiuhan weh. Malahan lila-lila bisa jadi kasakit padaharan anu disebut maag tea geuning.
Utari           : “Baruk, kitu nyah! Iy….bararaid teuing!”
Rani            : “Nu matak kedah sasarap samemeh angkat ka sakola teh
Utari           : “Muhun ah…ti kawit dinten enjing mah Utari oge bade.”
Eusian ku kecap-kecap anu saluyu jeung wacana guneman di luhur !
  1. Rani kakara sasarap, lantaran teu kaburu sasarap di ……
  2. Rani teu kaburu sasarap lantaran hudangna….
  3. Uteri mah tara sasarap da cenah osok…….
  4. Cek Rani, kabiasaan tara sasarap teh ulah……..
  5. Lamun teu sasarap isuk-isuk teh matak…….
  6. Kabiasaan tara sasarap teh lila-lila mah bakal nimbulkeun kasakit……
  7. Sasarap teh alusna mah samemeh….
  8. Salatri teh karasana awak leuleus, sirah lieur, tuluy…….
  9. Kalimah sapaan dina guneman di luhur nyaeta……
  10. Anu ngucapkeun kalimah sapaan dina guneman di luhur nyaeta…..


No comments:

Post a Comment

About

About

loading...

Hakikat Kemampuan Anak Taman Kanak-Kanak dalam Berhitung

Salah satu unsur yang ada didalam matematika adalah kemampuan berhitung. Menurut Copley (2001:55) berhitung merupakan komponen penting dal...

Search This Blog

Translate