Assalamu’alaikum wr. wb.
Puji sinareng sukur kasanggakeun ka Allah Illahi Robbi. Alhamdulillah
wasyukurilah, Laillahhailallah, Subhanallah dina danget ieu urang sadaya tiasa
riung mungpulung dina raraga nyakseni acara Paturay Tineung, wireh sim kuring
saparakanca bade ngantunkeun ieu sakola sabada tamat diajar salami tilu taun.
Bapa kalih Ibu, hadirin hormateun sim kuring
Mungguh ari waktu asa nyeak pisan
sajorelat. Asa kamari keneh sim kuring saparakanca munggaran lebet ka ieu
sakola, ayeuna tos kedah paturay deui. Sim kuring saparakanca kedah miang deui
neraskeun sakola, ngahontal harepan sareng cita-cita.
Kantenan wae salami tilu taun diajar di ieu sakola, seueur pisan anu bakal janten
panineungan. Di dieu, di sakola urang nu genah pikabetaheun, sim kuring
saparakanca diajar neangan elmu. Ruang riung boh di kelas boh dina rupa-rupa
kagiatan bari sakapeung sempal guyon gogonjakan sareng rerencangan. Tangtos bae
eta sadayana bakal janten panineungan nu moal kahihilapkeun. Atuh kasaean Bapa
kalih Ibu Guru sadaya, elmu pangaweruhna anu didugikeun ka sim kuring
saparakanca tangtos bakal nyerep dina angen, janten obor nu nyaangan jalan
sorangeun. Pamugi elmu nu katampi sing janten mangpaat kanggo abdi saparakanca.
Saterasna pirang-pirang kasaean Bapa kalih Ibu, sim kuring saparakanca teu
tiasa males eta kasaean, mung tiasa ngedalkeun du’a, pamugi rupining elmu
sareng katiasa anu parantos dipaparinkeun, kenging ganjaran anu mangtikel-tikel
ti Allah Ala Wa Zalla. Amin
Bapa kalih Ibu guru, salami sim kuring saparakanca diajar di ieu sakola
tangtosna seueur pisan kalepatan, seueur pisan sikep sareng paripolah anu
tangtosna tiasa janten ngajaheutkeun manah ka sadayana. Jalaran kitu,
ngawakilan rerencangan sadayana, dina danget ieu sim kuring neda sih
hapuntenna, mugi jembar hapuntenna kana samudaya kalelepatan sareng
kaluluputan.
Pamungkas, neda pidua ti
sadayana, pamugi sim kuring saparakanca nu lulus taun ieu sing tiasa neraskeun
tolabul elmu. Lungsur-langsar teu aya halangan-harungan, nyukcruk elmu di
tingkat nu langkung luhur
Rupina sakitu nu kapihatur. Bilih aya basa nu kirang merenah, kecap nu kirang
larap, bilih aya kalimah nu teu raos kana manah, neda hapuntenna
Wabillahi taufik wal hidayah. Wassalu’alaikum wr. wb.
BIANTARA PATURAY TINEUNG II
Assalamu'alaikum Wr. Wb
Puji Sinareng Sukur Kasanggakeun ka Gusti Nu Maha Suci.
Alhamdulillah dina denget ieu urang sadaya tiasa riung mungpulung dina raraga
nyakseni upicara Paturay Tineung, wireh sim kuring saparakanca bade ngantunkeun
ieu sakola sabada tamat diajar tilu taun. Bapa kalih Ibu, hadirin sadaya anu
dipihormat.
Sim kuring ngadeg di ieu tempat minangka wawakil ti
rerencangan kelas tilu, hoyong cumarios ngedalkeun kareteg angan.
Mungguh ari waktu asa nyeak pisan sajorelak . Asa kamari
keneh sim kuring saparakanca munggaran lebet ka ieu sakola, ayuena tos kedah
paturay deui. Sim kuring saparakanca kedah deui neraskeun sakola, ngahontal
hareupan sareng cita-cita.
Kantenan bae salami tilu taun diajar di ieu sakola, seueur
pisan anu bakal janten panineungan. Di dieu, di sakola urang nu genah
pikabeutaheun, sim kuring saparakanca diajar neangan elmu. Ruang-riung bohdi
kelas boh dina rupa-rupa kagiatan bari sakapeung sempal guyon gogonjakan sareng
rerencangan. Tangtos bae eta sadayana bakal jadi 'kenangan' nu moal
kahihilapkeun. Atuh kasaean Bapa kalih Ibu Guru sadayana, elmu pangaweruhna anu
didugikeun kasim kuring saparakanca, tangtos bakal nyerep dina angen, janten
obor nu nyaangan jalan sorangeun. Kalayan diaping dididik ku Ibu Bapa Guru
pisan sim kuring saparakanca gaduh elmu nu mangpaat. Dituduhkeun nu sae sareng
nu awon, nu leres sareng nu lepat, nu poek sareng nu caang.
teu aya nu tiasa kapisanggem, iwal ti hatur sewu nuhun kana
pirang-pirang kasaean Ibu kalih Bapa Guru sadayana. Sim kuring saparakanca teu
tiasa males eta kasaean, anging ngedalkeun du'a, pamugi rupining elmu parantos
dipaparinkeun, kenging ganjaran nu ageung mangtikel-tikel ti Gusti nu maha
suci.
Atuh silami sim kuring saparakanca diajar di ieu sakola,
kantenan bae seueur pisan kalepatan. Seueur pisansikep sareng nyuhunkeun di
hapunten tina samudaya kalepatan kaluluputan.
Pamungkas, sim kuring saparakanca nyuhunkeun pidu's ti Ibu
kalih Bapa Guru sadayana, pamugi sadaya alumni nu lulus taun ieu tiasa
neraskeun sakola. Lungsur-langsar teu aya halangan-harungan, nyukeruk elmu di
tingkat nu langkung luhur..
Meser kaos dimeteran,
meser sendal sareng pita,
Abdi mios rek pamitan,
rek ngahontal cita-cita.
Kamari mawa ragaji,
ayeuna rek mawa kisa,
Kamari urang ngahiji,
ayeuna urang papisah.
Rupina sakitu nu kapihatur. Hapunteun bilih aya basa nu
kirang merenah larapna, bilih aya kalimah nu teu raos kana manah.
Wabilahi taufik wal hidayah. Wassalamu'alaikum Wr. Wb
No comments:
Post a Comment