Thursday, June 21, 2018

SOAL BAHASA SUNDA KELAS II SD

I. Prak baca carita ieu dihandap !

Nganjang Ka Nini

Poe Minggu, Nani nganjang ka imah ninina, nu perenahna di lembur. Ninina Nani boga kebon, lumayan rada lega. Di kebon téh, loba tangkal bubuahan. Aya tangkal jambu, rambutan, nangka, sirsak, jeung sajabana. Harita tangkal rambutan keur buahan, leubeut pisan. Nani diajak ngala rambutan, nu geus arasak dina tangkalna. Rambutan nu asak dina tangkal, rasana amis. Balik ti ninina téh, Nani dibahanan rambutan jeung bubuahan sejenna.

Prak jawab pananya ieu dihandap!
1.      Iraha Nani nganjang ka ninina téh ?
2.      Kumaha kaayaan kebon ninina Nani téh?
3.      Tangkal bubuahan naon nu aya di kebon téh?
4.      Tangkal naon nu keur buahan téh?
5.      Nu kumaha rambutan nu rasana amis téh?

II. Cakra (x) aksara a, b, atawa c hareupen jawaban nu bener!
1.      Lingkungan nu pinuh ku tutuwuhan, hawana …..
a. seger                              b. iuh                           c. seungit
2.      Buruan nu dipelakan kekembangan, katingalina …..
a. beresih                           b. hegar                       c. sehat
3.      Tatangkalan téh kudu  ….. sangkan subur
a. digemuk                                    b. dicebor                    c. dikored
4.      ….. nya eta sato nu sok ngaruksak pepelakan.
a. manuk                            b. hama                        c. kukupu
5.      Daun garing nu murag tina tangkalna, nya eta …..
a. pucuk                             b. regang                     c. kalakay
6.      tangkal rambutan téh keur buahan mani …..
a. leubeut                           b. loba                         c. beurat
7.      Barudak ngariuhan handapeun  ….. kai
a. daun                              b. regang                     c. tangkal
8.      Pare nu dipelak di darat disebutna pare …..
a. darat                              b. huma                       c. kebon
9.      Dahan nu  ….. ka jalan ditutuhan ku Mang Dira.
a. ngaroyom                      b. ngarumbay              c. ngagapuy
10.  …..sok eunteup kana tangkal kekembangan.
a. Manuk                           b. Hileud                     c. Kukupu

III. Eusian titik-titikna sing merenah!
1.      Ngagurat lempeng kudu make…..
2.      Mupus tulisan dina buku make…..
3.      Nyatet pangajaran make…..
4.      Buku pangajaran diwadahan kana……
5.      Nulis dina buku make…….



No comments:

Post a Comment

About

About

loading...

Pengaruh Gaya Hidup di Masa Pandemi Covid-19

Gaya hidup adalah bagian dari kebutuhan sekunder manusia yang bisa berubah tergantung jaman. Gaya hidup bisa dilihat dari pakaian, bahasa, k...

Search This Blog

Translate