Monday, November 2, 2020

Biantara Sunda

 Assalamu’alaikum wr. wb.


Alhamdulillahirobbilalamin, Wassholatu wassalamu alaa asrofil ambiyai wal mursalin sayidina Muhammadin waala alihi wasohbihi ajmain amma ba’du.

            Alhamdulillah, hayu urang panjatkeun puji sareung syukur kahadirat Allah SWT anu parantos masihan kasehatan sareung kanikmatan ka urang sadayana sahingga urang tiasa karumpul sasarengan di tempat ieu. Teu hilap urang panjatkeun salawat sareung salam ka Baginda Rasul Habibana wa Nabiyana Muhammad SAW.

Para hadirin anu ku simkuring dipikahormat, dina ieu kasempatan simkuring bade nyarioskeun yen pendidikan teh penting kanggo urang sadayana. Urang sadayana tos diparentahkeun neangan elmu atanapi nyear pangarti sapertos anu ku Rasulullah SAW disabdakeun nyaeta “ Carilah Ilmu Sejak Dari Pangkuan Ibu Sampai Ke Liang Lahat “, salain eta aya deui Sabda Rasulullah nyebutkeun “ Carilah Ilmu sampai ke Negeri Cina. “ Anu janten pertarosan kanggo urang sadaya kunaon Rasul teh marentahkeun ka urang neangan elmu dugi ka negeri Cina. Ku sabab di jaman Rasulullah, negeri Cina teh peradabanna tos maju.

             Ku sabab kitu urang sadayana teh wajib nuntut elmu milarian pangartos di mana wae sareng iraha wae waktosna. Tapi ayeuna mah katingalna seueur murangkalih anu kedahna mah saumuran eta teh sakarola tapi teu sakola. Sanaos kitu pamarentah teh tos ngawajibkeun ka urang sadaya salaku warga negara Republik Indonesia kudu ngalakukan Wajib Belajar 9 taun. Sapertos nu aya dina Undang-Undang dasar 1945 hasil amandemen kaopat.

            Ka urang sadayana anu engkinna janteun guru atanapi pendidik kedah tiasa masihan bantosan motivasi yen neangan elmu teh wajib. Mudah-mudahan engkinna elmu urang sadayana janteun elmu anu mangpaat kanggo masyarakat, bangsa sareng negara urang tercinta.

            Mung sakitu anu tiasa ku simkuring sampaikeun, mudah-mudahan  aya mangpaatna kanggo urang sadayana. Amin ya Robbal Alamin.

            Sateuacanna simkuring lungsur dina ieu tempat, simkuring nyuhunkeun dihampunteun bilih aya kalepatan tina cariosan anu teu merenah kana hate para hadirin. Eta kalepatan mangrupa kakurangan dina diri simkuring. Anu saena nyaeta datangna ti Allah SWT.

            Akhirulkalam Wabillahii taufik wal hidayah

                Wassalamu’alaikum Wr. Wb.

No comments:

Post a Comment

About

About

loading...

Pengaruh Gaya Hidup di Masa Pandemi Covid-19

Gaya hidup adalah bagian dari kebutuhan sekunder manusia yang bisa berubah tergantung jaman. Gaya hidup bisa dilihat dari pakaian, bahasa, k...

Search This Blog

Translate