SELAT SUNDA JEUNG GUNUNG KRAKATAU
Kacatur jaman baheula di Pulo Jawa
Beulah kulon, aya hiji karajaan anu rajana Prabu Rakata. Sang Prabu gaduh dua
putra. Anu cikal Raden Sundana anu bungsu Raden Topobrana. Haritamah Pulo Jawa
sareung Sumatra teh ngahiji.
Kumargi Prabu Rakata parantos
sepuh pisan, mangka karajaan teh di titipkeun ka putra-putrana, tur di bagi dua
belah wetan ku Raden Sundana, belah kulon Raden Topobrana. Terus Sang Prabu teh
indit ngabagawan anu tempatna dibates dua nagara nu dibagi dua tea, anjeunna
teu nyandak nanaon tibang guci pusaka nu dicandak. Hiji mangsa dina taun ka
genep Sang Prabu teh ngadangu yen putrana parasea Raden Sundana ngarugrug
karajaan raina Raden Topobrana. Sang Prabu teh ceg ka guci anu tos dieusi cai
laut tea, terus indit ka medan laga kasampak dua putrana keur perang campuh
atuh bendu pisan si anjeunanana.
Ningali ramana sumping reg weh
perang liren, dua putrana langsung nyampeurkeun cedok weh nyareumbah ka Prabu
Rakata kitu dei para parajuritna. Atuh dua putrana beak bersih diseukseukan
pampangnaman Raden Sundana nu wani ngarug-gug nagara raina. Dua putrana anu
tarungkul teh nyarek, atuh Sang Prabuteh langsung gadeg, ceg kana guci pusaka
tea. Terus cai laut anu dina guci dikucurkeun disapanjang wates dua nagara,
teras guci anu tos teh kosong teh disimpen ditapal bates dua karajaan tea,
anjeunanana indit deui ka tempat pang tapaanana. Teu lami eta bates anu tilas
disiram ku cai laut teh ngajanggelek jadi selat. Nu kiwari disebut Selat Sunda.
Nu mawi dinamian Selat Sunda lantaran Raden Sundana sarakah hoyong wilayah anu
raina. Dugi ramana ngadamel wates nganggo guci pusaka anu caina dikucurkeun
terus jadi selat. Tur guci anu disimpen dina wates teh ngajanggelek jadi
gunung, nu katelah Gunung Rakata atanapi Gunung Krakatau. Tah kitu sasakala
Selat Sunda sareng Gunung Krakatau teh.
No comments:
Post a Comment