Haji Koko
Koswara, nénéhna Mang Koko, lahir di Kacamatan Indihiang, Tasikmalaya,
10 April 1917. Ramana Ibrahim alias Sumarta, anu aya teureuh ti Sultan Banten (Sultan Hasanuddin).
Anjeunna kagungan putra 8, diantawisna Tatang Benyamin Koswara (ayeuna
pupuhu Yayasan Cangkurileung)
sareng Ida Rosida (salah sawios panembang
kahot sareng kungsi maén sinetron "Inohong di Bojongrangkong").
Atikan anjeunna dikawitan ti HIS (1932), MULO Pasundan (1935). Mang Koko kalebet
anu ta'at sareng patuh kana agamana (Islam).
Padamelanna
dikawitan ti taun 1937, mangsa bangsa urang nyanghareupan révolusi. Saterusna
patutur-tutur didamel di: Balé Pamulang Pasundan, Paguyuban Pasundan, De Javasche Bank;
Harian Cahaya (Cahaya Simbun), Harian Suara Merdeka, Jawatan Penerangan Propinsi
Jabar, guru anu saterasna janten Direktur Konservatori Karawitan
Bandung (1961-1973); Dosen Luar Biasa di ASTI (Akademi Seni Tari Indonesia),
Bandung, dugi ka pupusna ping 4 Oktober 1985.
Bakat seni sareng karya-karyana
Bakat senina
ngocor ti ramana anu kacatet salaku juru mamaos Ciawian jeung Cianjuran.
Saterasna anjeunna diajar ku nyalira ti seniman-seniman ahli karawitan Sunda anu parantos moyan,
ogé neuleuman hasil karya widang karawitan ti Raden
Machjar Angga Koesoemadinata (musikolog).
Anjeunna oge
kacatet salaku anu ngadegkeun rupa-rupa pakumpulan kasenian, diantarana: Jenaka Sunda "Kaca Indihiang" (1946), "Taman
Murangkalih" (1948), "Taman
Cangkurileung" (1950), "Taman
Setiaputra" (1950), "Kliningan
Ganda Mekar" (1950), "Gamelan
Mundinglaya" (1951), jeung "Taman
Bincarung" (1958).
Oge anjeunna
anu ngadegkeun sakaligus jadi pupuhu munggaran ti "Yayasan
Cangkurileung" puseur, anu cabang-cabangna sumebar di lingkungan
sakola-sakola sakuliah Jawa Kulon. Anjeunna ogé anu ngadegkeun tur pupuhu
Yayasan Badan Penyelenggara "Akademi Seni Karawitan Indonesia"
(ASKI), Bandung (1971). Kungsi anjeunna medalkeun majalah kasenian "Swara
Cangkurileung" (1970-1983).
Karya cipta
kawih-kawihna dikempelkeun dina buku-buku, boh anu kungsi dipedalkeun atawa anu
masih mangrupa naskah-naskah, diantarana: "Resep Mamaos" (Ganaco,
1948), "Cangkurileung" (3 jilid/MB, 1952), "Ganda Mekar"
(Taraté, 1970), "Bincarung" (Taraté, 1970), "Pangajaran
Kacapi" (Balébat, 1973), "Seni Swara Sunda/Pupuh 17" (Mitra
Buana, 1984), "Sekar Mayang" (Mitra Buana, 1984), "Layeutan
Swara" (YCP, 1984), "Bentang Sulintang/Lagu-lagu Perjuangan";
jrrd.
Karya-karyana
sanés ukur dina widang kawih, nanging ogé dina widang seni drama sareng gending
karesmen. Dina lebah dieu kacatet, upamana bae: "Gondang
Pangwangunan", "Bapa Satar", "Aduh Asih",
"Samudra", "Gondang Samagaha", "Berekat Katitih
Mahal", "Sekar Catur", "Sempal Guyon",
"Saha?", "Ngatrok", "Kareta Api", "Istri
Tampikan", "Si Kabayan",
"Si Kabayan jeung Raja Jimbul", "Aki-Nini Balangantrang",
"Pangeran Jayakarta", "Nyai Dasimah".
Pangajén ka Mang Koko
Mang
Koko ginuluran seueur pangajén, boh anu asalna ti pamaréntah, lembaga atawa
organisasi masarakat (LSM), upamana baé: Piagam Wijayakusumah (1971), salaku
pangajén pangluhurna ti pamaréntah puseur (id: Departemen Pendidikan dan
Kebudayaan) dina kategori "Sebagai Pembaharu dalam Bidang Seni
Karawitan".
Tina riwayat
ringkes kahirupan Mang Koko, urang patepang jeung hiji manusa anu enggeus
masrahkeun jiwa, raga jeung bandanna pikeun kahirupan jeung kalanggengan seni,
hususna seni Sunda. Jembarna, pikeun anjeunna, merenah
upami urang ngaleleran gelar salaku "pahlawan panglelemes jiwa".
Sabab, sakumaha kasauran anjeunna keneh dina salah sahiji kawihna, seni teh
ngarupakeun panglemes jiwa.
No comments:
Post a Comment