Sunday, April 28, 2019

Carita PONDOK SUNDA

MUNDING KURU JEUNG MAUNG KURU


            Jaman baheula pisan. Harita teh keur mangsa katiga sanget, mulan-malen panas ngentak-ngentak. Tatangkalan parerang taya daunan, jukut taya nu jaradi. Kacaritakeun aya hiji munding kuru kacida, tinda teu manggih hakaneun. Munding teh kacida susaheunana. Terus bae sakaleumpang-leumpang ider-ideran kana saban-saban tegalan, weleh teu manggih jukut nu alus nu ngemploh.
            Eta munding leumpangna beuki jauh, beuki jauh, terus kasasar ka leuweung, kana enggon maung kuru. Katenjo ku maung kuru, cek dina pikirna.
                         
Maung
:
“ geuning aya munding dungang-dangong semu susaheun.”
Tuluy disampeurkeun ti tukangeunana bari digebah, pokna.
Maung
:
“ Tah geuning, aing sukur kacida eukeur mah kalaparan haying nyatu ti kamari, ari ayeuna aya rejeki datang sorangan, milik teu pahili-hili, bagja teu paala-ala.”
Maung
:
“Keur naon sia munding, nu matak aya di dieu di tempat aing.”
Munding ngawangsul bari kacida reuwaseunana, ngagebeg jeung ngadegdeg, sieuneun dihakan ku eta maung pokna.
Munding
:
“ Bo Juragan, nu matak kuring aya di dieu teh, asal kapidangdung susah neangan hakaneun, teu meunang bae, nya kasasar ka dieu.”
Maung
:
“Enya tong reuwas-reuwas, kumaha lamun kieu, ku sabab maneh kacida pisan beugangna, ayeuna ku aing dibere jukut hakaneun nu ngemploh hejo, supaya maneh lintuh. Tapi jangji, lamun maneh geus lintuh, ku aing rek dihakan. Panuju?”

Munding teh lila teu ngajawab, bingung. Ari teu dihakan eta jukut euweuh deui, ari dihakan engke ari geus lintuh tangtu aing dihakan ku maung, pikirna sabil, seug bae ngajawab, pokona kieu:
Munding
:
“ Mangga bae juragan, da kuring haying baranghakan”



Tuluy ku maung dibawa ka sampalan lega sarta dituduhkeun ka munding
Maung
:
“Tuh di ditu, tapi maneh ati-ati, lamun geus lintuh kudu bebeja ka aing.”
Munding
:
“ Mangga”

Munding teh nyampeurkeun jukut nu harejo ngemploh, prak baranghakan sakama-kama bari mikir-mikir, kumaha akalna, supaya ulah tepi dihakan ku maung kuru. Unggal poe kitu bari mikir-mikir bari baranghakan teh.
Kacarita eta maung neangna ka munding, sajumaah sakali. Barang geus sajumaah diteang, katenjo eta munding geus lintuh meueusan, cek maung:
Maung
:
“Tah geuning geus rada lintuh.”



Tuluy maung teh balikna deui ka tempatna.
Nepi ka Jumaah deui diteang, ditenjo-tenjo ku manehna munding teh beuki lintuh bae. Nepi ka tujuh Jumaah, munding teh mani nunggiring guriangan bangeting ku lintuh. Munding teh ku maung disampeukeun dibawa nyarita, kieu pokna:
Maung
:
“ Tah geuning ayeuna mah maneh geus lintuh pisan, kari aing kuru keneh bae. Kumaha ayeuna geus nepi ka pasini, ninggang ka subaya urang, maneh teh bakal dihakan ku aing tea”
Munding
:
“Sumangga pisan teu aya halangannana, ngan manawi aya idin juragan, neda permisi heula, haying papanggih jeung sobat bisi panasaran heunteu papanggih heula jeung kuring.”
Maung
:
“Hade, tapi ulang lila teuing, ku aing didagoan.”

Munding indit gagancangan, rek nepungan sobatna tapi teu puguh nu dijugjug, da memang ngan nyingkahan bahla bae. Rek nepungan sobat soteh, api-api bae. Barang nepi ka handapeun kai gede, munding ngahuleng ngadangong mikiran kasusah tea, kamana nya los. Katempoeun ku hiji monyet mandahna ti luhur kai, tuluy eta monyet turun nyampeurkeun ka munding bari nanya, pokna:
Monyet
:
“Keur naon Sakadang Munding aya di dideu, jeung semu nu susah-susah teuing.”
Munding
:
“Beu Sakadang Monyet, enya bener pisan kula teh keur kasusahan.”
Monyet
:
“Na, kunaon?”

Barabat munding nyarita ti barang neangan hakaneun bawaning lapar lila teu baranghakan, nepi ka ayeuna manehna rek dihakan ku maung kuru. Imeut gemet teu aya nu kaliwat. Pokna:
Munding
:
“Susah nyingkahannana eta balai.”



Monyet mandah karunyaeun pisan ka munding, pokna ngomong
Monyet
:
“Ah Sakadang Munding, ari kitu mah, montong susah-susah teuing, hayu bae jeung kula urang ka Sakadang Maung, tapi kula kudu tumpak sampean.”
Munding
:
“Atuh Mangga” “Nuhun ari arek nulungan mah. Mangga geura tumpak.”

Tuluy Monyet tumpak
Eta munding nyampeurkeun deui ka maung kuru tea. Gok patepung maung ngomong bari ngorejat, pokna,
Maung
:
“Tah geuning Munding, sukur datang, asal hiji jadi dua. Ayeuna mah aing tangtu seubeuh baranghakan. Naha maneh datang jeung monyet?”
Monyet
:
“Ayeuna, ieu munding ulah waka dihakan ku maneh, sabab kudu beres kudu adil. Bener geus perjangjian tea mah, tapi teu aya saksina. Ayeuna mah urang ngadeuheus heula Raja menta pangadilan, da urang teh aya nu barus nguruskeun.”
Maung
:
“Ah teu pupuguh, silaing manjangkeun carita, pipilueun kana urusan batur, da ieu munding geus milik dewek.”
Monyet
:
“Puguh ari kitu tea mah, tapi rasa kula kurang halal, tacan sampurna sampean kudu ngahakan ieu munding. Ari geus meunang putusan di nu agung mah, boro-boro munding nu geus pasti, dalah awak kula oge dihakan taya halangan.”
Maung
:
“Atuh hayu ari kitu mah/”


Tuluy tiluan indit ngadeuheus ka Raja
Barang datang ka payuneun Raja, ari monyet tuluy ka pipir paseban, pura-pura hees bari ngadengekeun omongna nu keur padu tea. Ari maung jeung munding terus ngadeuheus ka Raja. Raja mariksa ka munding jeung ka maung,
Raja
:
“Eh maung jeung munding, rek naraon datang ngedeuheus ka aing”
Maung
:
“Nu mawi kuring ngadeuheus rehing geus perjangjian jeung ieu munding, asalna manehna kuru kacida teu manggih hakaneun,rhing katiga banget, jukut paraeh. Barang kapanggih ku kuring, tuluy dituduhkeun ka tegal nu jukutna hejo ngemploh, tapi kuring ka manehna jangji, lamun engke manehna geus lintuh, manehna bade dihakan ku kuring. Manehna panujueun. Kari-kari ayeuna manehna ngarobah kana jangji, embung dihakan ku kuring. Eta sadaya-daya, nyuhunkeun putusan pangadilan Raja.”
Munding
:
“Ih kuring oge lain embung dihakan ku maung, ngan rasa kuring tacan sampurna, lantaran eta jukut lain pelak manehna. Ari geus puguh mah aya timbalan pangadilan, kuring kudu dihakan ku maung mangga teh teuing, da moal kumerewed hate, ari geus puguh mah eleh padu ku maung.”
Raja
:
“Sanggeus ngadenge omongan maung jeung munding, tetela munding nu eleh…”

Keur kitu, bari rucang-riceng kawas nu tas hees, monyet asup ka pasamoan, pok ngomong ka Raja
Monyet
:
“Ke Gamparan, eta perkara the ulah waka diputuskeun. Kuring gaduh pihatur kieu.”
Raja
:
“Naon?”
Monyet
:
“Kuring bieu basa hees, ngimpi dikawinkeun ka putra Gamparan, sarta misti kawin teh. Eta kumaha ayeuna putra Gamparan, ku kuring dipenta rek dikawin.”
Raja
:
“Ih, mo temen aing boga minantu ka monyet da anak aing mah putrid tur geulis.”
Monyet
:
“Atuh ari kitu mah munding teh teu kudu dihakan ku maung, da eta jukut lain pelakna si maung kuru, sareng jangji munding jeung si maung teu aya saksina.”

Raja ngarasa monyet teh bener.
Raja
:
“Ke lanan, bisi aing salah dina bukuna salah ucapna, urang teang heula.”



Prak dibuka deui paririmbonna, diilik-ilik, terus Raja sasauran kieu:
Raja
:
“Eh, bener monyet, maneh maung nu…eleh dina ieu perkara, heunteu kudu munding dihakan ku maneh, hiji eta jukut lain pelak maneh, kadua perjangjian taya saksina. Jadi ayeuna eta perkjara maneh….cupar.”
Monyet
:
“Sumuhun, ari kitu mah, impian kuring oge salah, heunteu kudu kawin ka putra Gamparan, da lain layakna.”

Maung balik ka tempatna, hatena ngunek-ngunek ka monyet.
Munding salamet ku pitulung monyet. Monyet nyahoeun yen maung ngamusuh ka monyet. Nu matak ayeuna monyet teh harirupna di luhur tangkal bae, luluncatan gagalacangan da sieuneun ku maung. Ari maung mah kapan teu bisaeun naek.



No comments:

Post a Comment

About

About

loading...

Pengaruh Gaya Hidup di Masa Pandemi Covid-19

Gaya hidup adalah bagian dari kebutuhan sekunder manusia yang bisa berubah tergantung jaman. Gaya hidup bisa dilihat dari pakaian, bahasa, k...

Search This Blog

Translate