Sunday, March 24, 2019

Soal Latihan Bahasa Sunda Kelas 6

Prak baca cuplikan dongeng ieu!
….Kepluk Engang ragrag kana cai, awakna nangkarak. Atuh puguh wae teu bisaeun hiber. Gawena ngan roroesan, bari jangjangna kekeleperan.
Sabot kitu, jol aya Tikukur ka lebah dinya. Waktu nenjo Engang keur kekeleperan, gancang macok regang, terus disodorkeun ka engang. Engang rikat ngaranggeum regang, bari terus ngarayap ka darat. “Nuhun Ki Silah,” ceuk Engang ka Tikukur.
Dina hiji poe, Tikukur keur eunteup dina dahan bari ngelak disada. Teu apaleun di handap kucubung bedil paninggaran geus lempeng kana dada Tikukur.
Sobat kitu, torojol Engang datang ka lebah dinya. Nenjo Tikukur keur diintip pati, teu antaparah deui beletak tarang paninggaran teh diseureud.
“Nuhun, anjeun geus nulungan kuring.” Ceuk Tikukur.
“Ih, apan urang wajib tulung-tinulungan,” tembal Engang.

  1. Dongeng bieu kasup kana jenis ….
  2. Amanat nu ditepikeun dina eta dongeng, nyaeta ….
  3. Palaku utama dongeng miboga watak ….
  4. Kasimpulan dongeng di luhur, nyaeta ….
  5. Kicimpring kaasup kadaharan sabangsa opak anu bahanna tina sampeu. Disebut kicimpring teh lantaran wangunna ipis nyempring, aya oge nu nyebut opak sampeu. Di wewengkon Ciamis mah disebutna teh beca. Nu jadi inti kalimah dina paragraf bieu, nyaeta ….
  6. Tiasa cumarios sareng Pa Asep? Kecap asal cumarios nyaeta ….
Baca wacana di handap !
Sarerea geus pada apal kana cikur, da di dapur oge sok aya. Cikur sok dipake samara lotek, seblak, jeung nu sejenna. Beas cikur oge sok dipake ubar anu misalah. Cara nyieunna cikur jeung beas direndos, make cai saeutik, tuluy diulaskeun kanu suku atawa leungeun anu misalah.
Saenyana lain eta wae hasiat cikur teh. Cikur bisa dipake ubar tetanus, radang lambung, bareuh, karacunan, ricut, nyeri cangkeng, ngalancarkeun peredaran darah jeung nyeri huntu.

  1. Hasiat cikur teh loba, diantarana pikeun ubar kasakit ….
  2. Tutuwuhan obat loba dipelak dipakarangan, sok biasa disebut ….
  3. Sarerea geus pada apal kana cikur, da didapur oge aya. Tapi kana jahe mah aya anu ….
  4. Kalimah nu merenah ngagunakeun kecap sasakit, nyaeta ….
Tengetan ieu sajak
Lembur Kuring
Lembur kuring anu asri
Hejo ngempol dangdaunan
Jalan ngabulungbung caang
Imah lalening raresik
Matak hegar katenjona

  1. Jumlah engang dina padalisan ka dua aya ….
  2. Sajak Lembur Kuring aya …. Padalisan
  3. Dina sajak bieu, aya kecap anu murwakanti, nyaeta ….
  4. Kalimah anu miboga harti teu sabenerna dina eta sajak nyaeta ….
  5. Sajak di luhur eusina nyaritakeun ….

No comments:

Post a Comment

About

About

loading...

Pengaruh Gaya Hidup di Masa Pandemi Covid-19

Gaya hidup adalah bagian dari kebutuhan sekunder manusia yang bisa berubah tergantung jaman. Gaya hidup bisa dilihat dari pakaian, bahasa, k...

Search This Blog

Translate