Baca Sing telik !
Bewara
Dina
mieling poe Basa Indung Sadunya taun 2012, Dinas Pendidikan Kabupaten
Purwakarta baris ngayakeun pasanggiri ngadongeng, biantara, maca sajak, maca
warta, pupuh jeung maca/nulis aksara Sunda tingkat Kabupaten. Pamilonna nyaeta
murid tingkat SD/MI, SMP/MTs, jeung SMA/SMK/MA. Poe rebo, tanggal 23 Pebruari
2012, tabuh 08.00 dugi karengsena, tempatna di SMA Pasundan Purwakarta.
Tiap-tiap kacamatan ngirimkeun pinunjul ka hiji saurang murid istri, saurang
murid pameget ti unggal widang, minangka hasil meunang ngayak di tingkat
Kacamatan. Daptar ditutup tanggal 20 Pebruari 2012.
Purwakarta,18
Pebruari 2012
Panitia
Calagara
Yayan Mulyana, S.Pd
I.
Cakra (X) salah sahiji aksara A,B, C
jeung D dihareupeun jawaban anu bener !
- Dumasar
kana bacaan di luhur, eusi bewara ngeunaan ….
A. Pasanggiri
degung, calung, calistung, ngadongeng
B. Pasanggiri
ngadongeng, biantara, maca sajak, maca warta, pupuh jeung maca/nulis aksara
sunda
C. Pasanggiri
calistung, ngadongeng, maca warta, pupuh
D. Pasanggiri
calung, maca warta, biantara, degung
- Bagean
tina bewara anu lengkap nyaeta ….
A. Kop surat,
nomer surat, pamuka, eusi bewara, panutup bewara, pihatur
B. Kop bewara,
pamuka bewara, eusi bewara, panutup bewara
C. Kop surat,
nomer bewara, kop surat, pamuka, eusi, panutup
D. Kop Surat,
nomor surat, eusi, panutup, pihatur
- Kecap
bewara sarua hartina jeung ….
A. Wacana B. wawancara C. wawaran D. warta berita
- Hirup
tulung-tinulungan teh, upami aya rerencangan nu nuju dirungrum kabingung
enggal pasihan bongbolongan, aya jalmi nu teu damang enggal layad, aya
jalmi nu teu mampuh enggal bantosan. Poko pasualan dina wacana di luhur
nyaeta ….
A. Ngabantuan B. babadamian C. hirup sauyunan D. babarengan
- Dadang
neuteup ka Ujang. Nu disebut neuteup nyaeta ….
A. Ningali
beungeut B. ningali bari
tungkul C. ningali bari
tanggah D. ningali ka luhur
- Kalimah
anu diwangun ku kecap trilingga nyaeta ….
A. Sateuacan kana
jurus, latihan penca silat teh diajar kuda-kuda
B. Basa Iwan
disunatan, ramana mang meserkeun momobilan
C. Pun biang nuju
ngumbah pring sorana mani trang-treng-trong
D. Abdi ningal
monyet luluncatan
- Di
handap ieu nyaeta ngaran kaolahan has di Purwakarta ….
A. Dodol B. simping C. jenang D, Wajit
- Opat
objek wisata di Kabupaten jadi primadona. Eta objek nu dongdon ku
pangunjung teh nyaeta bendungan jatiluhur,bendungan Cirata, Situ Wanayasa
heung Curug Cipurut di Kacamatan Wanayasa. Eta objek wisata anu opat the
kacida dipikaresepna.
Sumber
Koran Sunda ping 1 November 2006
Eusi
warta diluhur anu merenah nyaeta ….
A. Katiten Koran
Sunda B. Objek Wisata C. Curug Cipurut Wanayasa D. Opat objek wisata di Kab.
Purwakarta
- Warta
diluhur di cutat tina ….
A. Majalah Sunda B. Novel C. Koran PR D. Koran Sunda
- Kalimah
anu tulisannana luyu jeung ejahan nyaeta ….
A. Kang Yadi
nyaba ka purwakarta C.
Kang Yadi nyaba ka Purwakarta
B. kang Yadi
Nyaba ka Purwakarta D.
Kang yadi nyaba ka purwakarta
- Opat
objek wisata di Purwakarta jadi Primadona. Kecap Primadona sarua hartina
jeung ….
A. pangdipikanyaahna
B. pangdipikaresepna C. pangdipikaasihna D. pangdipikangewana
- Erwin
: “Mang, bilih bade tuang heula atuh?”
Mang
Jaya : “Mangga bae Erwin ti payun…., da emang mah wareg keneh.”
Kecap
nu merenah pikeun ngalengkepan paguneman di luhur nyaeta ….
A. nyatuna B. nedana C. tuangna D. emamna
- Anu
kaasup alat komunikasi nyaeta ….
A. Kareta Api B. telepon C. sapeda D. mobil
- Jalma
nu keur diwawancara atawa nu mere katerangan disebut ….
A. Pakar B. pupuhu C. inohong D. narasumber
- Pek
titenan kalimah di handap ieu dumasar kana gambar!
A. Bu Hani nuju
ngawulang di Sakola
B. Bu Hani nuju
popolah di pawon
C. Bu Hani nuju
nembang
D. Bu Hani nuju
beberesih
Bulan Puasa, bulan nu pinuh ku
barokah. Sakumaha biasana, unggal bulan Puasa Abah Haji sok ngayakeun
rupa-rupa kagiatan.
…………………………………………………………………………………………………………………….
Itung-itung
babagi rejeki, silih asaan dahareun. Apan ceuk Abah Haji sorangan, perkara
rejeki manusa ulah ngaboga-boga
|
Kalimah
anu merenah keur ngalengkepan paragraph di luhur nyaeta….
A. Kawas bulan
puasa taun samemehna, abah haji oge sok ngayakeun buka puasa bareng
B. Buktina geus
dua taun teh dipake sunatan masal barudak yatim
C. Abah Haji
kungsi guguru ka Eyang Gelung
D. Abah Haji
puluhan tahun boga pangalaman peurih
- Poko
pikiran dina paragraph diluhur nyaeta ….
A. Silih asaan
dahareun C.
perkara rejeki manusa ulah ngaboga-boga
B. Rupa-rupa
kagiatan D.
bulan puasa nu pinuh ku barokah
- Lamun
urang ninun kanteh
Ulah
resep make poleng, lamun urang leutik keneh
Ulah
resep ngomong goring.
Dina
puisi di luhur kaasup karya sastra nu disebut ….
A. Dongeng B. carpon C. sisindiran D. pupujian
- Pasawahan
di sagigireun imah aki
Nyaeta
sagara emas, anaking
Angin
gunung, angin bihari
Ngusapan
nini jeung aki
Dina
puisi di luhur aya kalimah angin gunung, angin
bihari, ngusapan aki jeung nini
A. Lalandian
(Metafora) B. Rautan (Eufimisme) C. Mijalma (Personifikasi) D. Kadalon (Pleonasme)
- Anak
kuring ka lanceuk kuring pernahna ….
A. ua B. mamang C. aki D. alo
- Kalimah
dihandap nu make gaya basa ngaupamakeun nyaeta ….
A. Ari jadi
jelema ulah sok agul ku payung butut
B. Geus ti bareto
Jang Kurdi katelah si hejo tihang
C. Maman mah
lamun dipapagahan teh taya tapakna, kawas cai dina daun taleus
D. Kaalaman ku
Yadi, siga halodo sataun lantis kuhujan sapoe
- Harga
buku mahal, ku kuring teu kabeuli. Lamun dilemeskeun jadi ….
A. Harga buku teh
awis, ku abdi teu kapeser
B. Pangaos buku
teh mahal, ku abdi teu kagaleuh
C. Pangaos buku
teh awis ku abdi teu kabeuli
D. Pangaos buku
teh awis ku abdi teu kapeser
- Ngaran
kaulinan budak lembur nyaeta ….
A. Momotoran B. water boom C. paciwit-paciwit
lutung D. video game
- Alat
patalimarga (transportasi) anu dijalankeun dina rel ditarik ku mesin
lokomotif wangunna panjang nyaeta ….
A. Treuk B. beus C. mobil D. kareta api
- (1)
sakedap deui oge adzan magrib
(2)
teras emam ngariung sareng bapa, ema, teteh
(3)
Teu karaos asa sonten
(4)
tos ibak teras diacuk deui
Susunan
paragraf anu bener nyaeta ….
A. (1), (2), (3),
(4) B. (1),
(3), (2), (4) C. (4),
(1), (3), (2) D. (4),
(2), (3), (1)
- Kecap
Capcay
mangrupa kecap serepan tina basa ….
A. Indonesia B. Inggris C. Belanda D. Cina
- Titenan
gambar grafik di handap ieu!
A. Taun 2007 H. Darma
panen pare 30 ton
B. Taun 2008 H.
Darma panen pare 25 ton
C. Taun 2009 H.
Darma panen pare 35 ton
D. Taun 2010 H.
Darma panen pare 35 ton
E.
- Titenan
gambar peta digigir ieu !
A. Kacamatan
Bojong
B. Kacamatan Pasawahan
C. Kacamatan
Sukatani
D. Kacamatan
Purwakarta
- Ciri-ciri
jalma anu mibanda elmu nyaeta….
A. Hirupna
pinangsih hurip, rea akal, teteg, ajeg, yakin kana dirina
B. Hirupna tartib
jeung ngagaduhan watek cicingeun
C. Loba
babaturannana jeung rea elmuna
D. Rea elmuna tapi
akur jeung batur
- Permios
bapa abdi bade wangsul meungpeung halodo. Kecap halodo kaasup istilah….
A. Usum-usuman B. kaagamaan C. patukangan D. tatanen
- Kalimah
di handap ieu dibacana….
A. Saha nu ngala
kalapa C.
bapa mawa kalapa
B. Bapa ngala
kalapa? D. dimana kalapa
bapa
- Anu
kaasup kalimah piwuruk nya eta….
A. Aduh mani
rajin pisan budak teh C.
upami miceun runtah kedah kana tempatna
B. Yana miceun
runtah di sisi jalan D.
dimana ari miceun runtah?
- Anu
disebut biantara nyaeta
A. Nyarita
dihareupeun jalma rea C.
nyarita jeung babaturan
B. Nyarita
dihareupeun imah D.
nyarita jeung kolot
- Baca
wacana dihandap ieu !
Poe
lebaran, Mila jeung kulawargana nguriling ka imah tatanggana keur silaturahmi.
Terus ngadatangan ka dulur-dulurna nu aya di Wanayasa. Sabada silaturahmi,
isukna Mila pelesiran ka Situ Wanayasa. Di Situ Wanayasa rea jalma nu daratang
ti lembur sejen, malahan kiwari geus kawentar kamana-mana.
Jejer
wacana di luhur anu merenah nyaeta….
A. Ngarasa bungah B. silaturahmi poe lebaran C. ngadatangan dulur D. rea jalma nu daratang
- Tempat
wisata anu aya di Wanayasa nyaeta….
A. Bendungan
Cirata B. Saguling C. Situ Wanayasa D. Bendungan Jatiluhur
- Bagean-bagean
biantara nyaeta…
A. Salam, eusi,
panutup, kasimpulan C.
salam hormat, panganteur, kasimpulan
B. Salam, singgetan,
panutup, kasimpulan D.
salam bubuka, bagen bubuka, eusi, panutup, salam panutup
- Anu
mangrupa kalimah panutup dina biantara nyaeta….
A. Wilujeng
enjing, assalamu a’laikum warrohmatullahi wabarakatuh
B. Dina raraga
mieling Hari Pramuka tanggal 14 Agustus 2011
C. Mudah-mudahan
biantara ti abdi tiasa ngaronjatkeun pangaweruh saderek pikeun kasehatan
lingkungan
D. Dina danget
ayeuna, urang medar ngeunaan kasehatan lingkungan
- Hal-hal
anu kudu dipalire dina biantara nyaeta….
A. Randegan kudu
merenah, sora kudu bedas tur jentre
B. Lentong kudu
merenah jeung sikep kudu hade tur sopan
C. Sorana kudu
bedas tur bentes, lentongna kudu merenah, randegan kudu merenah jeung sikep anu
hade tur sopan
D. Sorana wungkul
kudu bedas jeung sopan
- Kecap
“Situ Wanayasa” disalin kana Aksara Sunda nyaeta….
- Jejer
dina riwayat hidup nyaeta….
A. Wasta, tempat
tanggal lahir, jenis kelamin, agama, nami sepuh, padamelan, padumukan, atikan,
pangajen
B. Atikan,
pangajen, agama, jenis kelamin, padamelan, padumukan
C. Padumukan,
jenengan, atikan, pangajen, nami sepuh
D. nami sepuh,
atikan, pangajen, jenengan, padumukan
No comments:
Post a Comment