Thursday, October 17, 2019

Conto Kaulinan Barudak


UCING HUI

Di buruan anu aya tatangkalan atawa pager, barudak ngarariung, rék ucing-ucingan. Ucing Hui atawa Huhuian.
Mimitina hompimpah heula babarengan

Hompimpah tahu atah
digoréng ku jalantah
Ma Ijah tumpak gajah
seurina hahahahaaah...

Nu meunang pangheulana bari cingogo nyekelan kana pager kalawan pageuh pisan. Tuluy nu kadua nangkeup kana awak anu kahiji. Nu katilu nangkeup kana nu kadua jeung saterusna, ngantay. Nu pangpandeurina jadi ucing; leuleumpangan ngurilingan antayan anu caringogo bari nepakan taktakna dibarengan ku kakawihan:

Kulunang-kelenéng samping konéng
Kerejat-kerejut samping kusut
Kurusak-korosak samping rangsak
Buruwak-béréwék samping rawék

+    “Toroktok-tok, urang lembur, aya Nini jeung Aki di dinya?”
-          “Euweuh!”
+    “Ari éta naon nu tingjarentul?”
-          “Éta mah hui!”
+    “Meunang uing ngasaan?”
-          “Ké rék dikali heula.”

Ucing ngawih kulunang-kelenéng deui bari nguriling, tuluy nanya deui:

+    “Urang lembur geus asak hui téh?”
-          “Ké keur dikulub kénéh.”

Ucing nguriling deui tuluy nanya deui:

+    “Urang lembur geus asak hui téh?”
-          “Engges, tapi kudu diuyahan, cing geura néangan heula uyahna!”

Ucing lumpat heula ka nu anggang, teu lila jol deui bari ngomong:

+ “Yeuh uyah téh mawa, cingan urang purulukan bari ngasaan nu  pangluhurna!”  
-          “Pék!”

Ucing ngabetot anu cingogo pangtukangna. Lamun lésot tina antayanana, nu séjén geuwat lumpat tingberetek nyingkahan ucing bari saruka bungah padajaringas ngaromong: “Lingasan euy ucingna, ulah dilindeukan!”
Sanggeus carapéeun kakara areureun. Bari ngareureuhkeun kacapé, tuluy dariuk bari ngong karakawihan minangka hiburanana.





1)      Ambil-ambilan
Kaulinan ambil-ambilan  merlukeun batur  nu loba, biasana dilakukeun ku barudak awéwé jeung barudak lalaki sarta merlukeun tempat anu lega. Cara ngalakukeun kaulinan ambil-ambilan téh biasana barudak dibagi dua kelompok, sakelompok anggotana lobaan sedengkeun kelompok hiji deui mah diwangun ku saurang. Salila barudak arulin ambil-ambilan biasana dibarung ku kakawihan. Nu unina saperti kieu:
+  Ambil-ambilan turuktuk hayam samantu.
-       Saha nu diambil, kami mah budak pahatu

+   Pahatu gé baé, purah nutu purah ngéjo, purah ngasakan baligo, purah tunggu balé gedé
-       Nyerieun sukuna kacugak ku kaliagé
+   Aya ubarna urat gunting sampuragé, tiguling nyocolan dagé
Saréngséna kakawihan nu pamungkas budak  nu kapilih sina lumpat nyampeurkeun ka kelompok nu ngan saurang téa, kitu jeung kitu wé dilakukeun sababaraha kali nepika anggota kelompok ngurangan.

2)      Congkak
Pakakas nu digunakeun dina kaulinan congkak  di antarana congkak (dijieun tina kai, panjangna leuwih kurang 40 cm, lebarna kurang leuwih 15 cm, luhurna dilogakan  sababaraha hiji) jeung siki  congkak (bisa kewuk, siki sirsak, siki salak, jsb). Unggal logak dieusian ku kewuk lobana tujuh siki. Cara maénna piligenti, tepi ka siki congkak téh béak (arasup kana logak indung).

3)      Gatrik

Gatrik téh kaulinan barudak lalaki. Parabot anu dipakéna kai atawa awi (panjangna kira-kira sajeungkal) jeung kai/awi paneunggeul (nu panjangana kira-kira 30 cm). Cara maénna , kai nu sajeungkal téa dipasangkeun kana logak, geus kitu tuluy diteunggeul ambéh ngacleng, terus diteunggeul deui sina jauh. Lamun geus murag di hiji tempat, kai  nu dipaké paneunggeul  téh dipaké ngukur ti mimiti kai  nu sajeungkal téa nepika logak. Jadi, ukuran meunang jeung éléhna téh ditangtukeun ku jumlah ukuran kai nu dipaké paneunggeul téa.

No comments:

Post a Comment

About

About

loading...

Pengaruh Gaya Hidup di Masa Pandemi Covid-19

Gaya hidup adalah bagian dari kebutuhan sekunder manusia yang bisa berubah tergantung jaman. Gaya hidup bisa dilihat dari pakaian, bahasa, k...

Search This Blog

Translate