Thursday, October 17, 2019

Contoh Paguneman

Teks Paguneman

1.    Wacana Paguneman antara Sétra jeung Pa Permana

Sétra :           “Assalamualaikum, kumaha damang Bapa?”
Pa Permana: “Waalaikumsalam, éh geuning Setra, alhamdulillah cageur Jang,     kumaha sawangsulna?”
Sétra:            “Alhamdulillah, aya hibar pangdunga ti sadayana.”
Pa Permana: “Nya sukur atuh ari papada waluya mah. Di mana ayeuna sakola téh?”
Sétra:            “Kaleresan abdi katampi di SMP Mundinglaya.”
Pa Permana: “Euleuh milu bungah atuh bapa téh ari hidep katampa di sakola favorit mah.”
Sétra:            “Muhun alhamdulillah.”
Pa Permana: “Terus ayeuna aya naon geuning tara-tara ulin ka dieu?”
Sétra:            “Utamina mah tos sono hoyong pendak sareng guru-guru, kalih ti éta badé naroskeun NISN manawi aya arsipna di sakola.”
Pa Permana: “Oh nya sok atuh tepungan Pa Ahmad, da anjeunna anu ngalereskeunana. Wayahna Bapa teu bisa terus maturan ngawangkong da kudu ka kelas. Sok didungakeun sing pinter sarta sing lancar sakolana. Aamiin.
Sétra:            “Sumuhun mangga, hatur nuhun kana pidua’ Bapa, permios. Assalamualaikum.”
Pa Permana: “Waalaikumsalam warohmatullohi wabarokatuh.”

1)  Conto Paguneman Ngawanohkeun Diri
Galih:       “Nepangkeun, abdi Galih ti SMP Guru Minda, dupi sadérék saha?”
Wirahma: “Oh abdi Wirahma wawakil ti M.Ts Subanglarang.”
Galih:       “Nuhun atuh tiasa ditepangkeun, mudah-mudahan tiasa gawé bareng dina ieu kagiatan.”
Wirahma: “Muhun nya, mangkaning salami tilu dinten urang kedah sasarengan, abdi mah nembéan da ngiring acara LDKS tingkat kabupaten téh.”
Galih:       “Sami abdi gé da nembéan, tapi alhamdulillah nya urang kéngéng kasempetan kanggo ngiring ieu kagiatan, mudah-mudahan wé tiasa nambihan pangaweruh sareng pangalaman.”
Wirahma: “Aamiin. Nu pangutamina mah urang tiasa nambihan réréncangan.”
Galih:       “Muhun nya, hayu atuh urang ka lebet aula bilih kabujeng dikawitan acarana.”
Wirahma: “Muhun, hayu.”

2)      Conto Paguneman Amitan
Rakha:   “Mbu, Rakha amitan badé mios ka sakola.”
Bu Ami: “Oh enya, tos sasarap teu acan?”
Rakha:   “Atos, Mbu engké Rakha wangsulna rada siang badé latihan Pramuka heula.”
Bu Ami: “Muhun, kadé kalangkung netepan lohor nya.”
Rakha:   “Moal atuh Mbu, Rakha mios heula nya, assalamualaikum.”
Bu Ami: “Waalaikum salam, kadé nya ati-ati di jalan.

3)   Conto Paguneman Ménta Idin
Rayi:           “ Pa, sasih payun sakola badé ngayakeun saba budaya ka Museum Sri Baduga, Rayi hoyong ngiring, kinten-kinten Apa ngawidian kitu?”
Pa Sukma: “Euleuh Museum Sri Baduga anu di Bandung?”
Rayi:           “Sumuhun anu basa Rayi sareng Aa dicandak ku Mang Dadang téa.”
Pa Sukma:           “Har ari atos kantos dicandak ku Mang Dadang mah atuh teu kedah ngiring deui.”
Rayi:           “Atuh da resep Pa, ti payun waktos ka ditu téh tos sonten janten mung kabagian satengah jam da kabujeng badé tutup, janten teu acan kakuriling sadayana, panasaran Pa.”
Pa Sukma: “Oh kitu, ka mana deui salian ti ka Museum Sri Baduga saba budayana?”
Rayi:           “Saur Pa Guru mah saréngséna ti museum teras ka Saung Ujo badé nongton helaran angklung. Tah Rayi teu acan kantos ka dinya mah.”
Pa Sukma:           “Wah resep atuh ari teras ka Saung Ujo mah, salian ti nongton urang bakal diajak nabeuh angklung sasarengan.”
Rayi:           “Euleuh resep pisan atuh nya ari kitu mah, geuning Apa uninga?”
Pa Sukma: “Pan ti payun kantos aya acara ti kantor.”
Rayi:           “Paingan atuh ari kantos ka ditu mah. Kumaha atuh ngawidian henteu Rayi ngiring saba budaya ti sakola téh?”
Pa Sukma: “nya jung baé da loba mangpaatna pikeun nambahan pangaweruh jeung pangalaman hidep. Ngan omat niatna kudu bener-bener rék diajar, lain ukur ulin teu puguh.”
Rayi:           “Horé, hatur nuhun Pa atos ngawidian.”
Pa Sukma: “ Enya ngan kahadé di dituna kudu ati-ati sarta nurut kana sagala cariosan Bapa Ibu Guru anu ngaping, ulah sok bebelenyengan sorangan.”
Rayi:           “Sumuhun mangga.”

4)   Conto Paguneman Nganuhunkeun
Ginanjar: “Dan, keur naon euy mani jempling ti tadi teu kadéngé sorana?”
Ramdan: “Éh Jar, ieu keur maca dongéng, kumaha cageur ayeuna mah?”
Ginanjar: “Alhamdulillah geus teu leuleus teuing, nya éta kuring téh rék nganuhunkeun kana sagala kahadéan Dadan, anu geus mantuan mangnuliskeun pangajaran salila kuring gering, jadi teu tinggaleun teuing ari aya catetan mah, hampura wé nya geus ngariweuhkeun?”
Ramdan: “Ah teu nanaon Jar, teu singna riweuh kuring mah, geus sakuduna atuh silihtulungan jeung babaturan. Na gering naon kamari téh?”
Ginanjar: “Ari ceuk dokter mah tipes cenah, asa kakara kuring mah gering ripuh jiga kamari, sirah rieut, awak panas tapi tiris, sararebel jeung leuleus deui, ih mudah-mudahan ulah kaalaman deui.”
Ramdan: “Enya da katingalina gé mani ripuh jeung awak mani ngabegangan deui.”
Ginanjar: “Sabenerna mah poé ieu téh can meunang indit ka sakola dan masih kénéh kudu reureuh barang dua atawa tilu poé mah, ngan nya éta geus teu kuat ku kesel, ampir tilu minggu atuh da teu bisa ka mamana, jeung pangpangna mah hayang geura nganuhunkeun ka Ramdan anu geus haat mantuan kuring.”
Ramdan: “leuh atuh naha maké maksakeun bisi karugrag, mangkaning cenah ari karugrag mah sok leuwih ripuh. Perkara kahadéan kuring geus mangnyatetkeun teu kudu jadi pikiran da kuring mah itung-itung ngapalkeun wé teu singna ngarasa boga jasa. Hayu ah ayeuna mah urang bébéres da jigana guru-guru rék aya rapat jadi urang bisa mulang leuwih gancang.”
Ginanjar: “Enya hayu atuh, urang sakalian wé nyimpang ka imah kuring nya, neruskeun ngobrol bari ngopi colénak damelan Mbu geura ni’mat wayah kieu mah.”
Ramdan: “Alhamdulillah, horéng aya rejeki haratis hayu atuh ah!”

5)   Conto Paguneman Ménta Dihampura
Malati: “ Rum, Arum hayu urang ka sakola!”
Arum:    “Nya ké tungguan sakeudeung keur sasarap heula.”
Malati: “Nya sok ditungguan dina téras nya.”
Arum:    “di dieu baé atuh nungguanana méh sakalian sasarap.”
Malati: “Ah moal sok baé sing jongjong, kabeneran bieu téh Ati gé sasarap heula.”
Arum:    “Leuh hampura nya Ti,  jadi kudu ngalelengkur nungguan.”
Malati: “Ah teu nanaon da masih kénéh aya waktu, karék gé satengah tujuh moal kabeurangan ieuh.”
Arum: “Enya ngan angger wé Arum asa boga dosa, nya disampeur nya kudu nungguan, ari teu sasarap heula sieun salatri atuh da.”
Malati: “Puguh baréréaé penting sasarap mah, apan kamari basa pangajaran olah raga Pa Asep nerangkeun kumaha pentingna sasarap pikeun kaséhatan. Lain ngan rada anéh Ati mah naha poé ieu Arum nepi ka kabeurangan sasarap, apan biasana ogé sok tanginas ari Ati nyampeur téh sok tos saged?”
Arum: “Puguh Si Ade panas peuting téh nepi ka sasar baé, jadi saréréa mondok téh geus peuting pisan, malah Mbu jeung Apa mah bada netepan subuh angkat ka rumah sakit nyandak Si Ade.”
Malati: “Euleuh baruk kitu? Hampura atuh nya da Ati teu apal. Mudah-mudahan baé Si Ade teu nanaon jeung teu kudu dirawat di rumah sakit.”
Arum:      “Enya pidua’na baé, ieu gé mani asa teu paruguh pipikiran.”
Malati: “Nya pasti kangaranan adi gering, tapi sing sabar wé nya. Hayu rada gancangan leumpangna bisi elat!”
Arum:    “Enya hayu!”  





No comments:

Post a Comment

About

About

loading...

Pengaruh Gaya Hidup di Masa Pandemi Covid-19

Gaya hidup adalah bagian dari kebutuhan sekunder manusia yang bisa berubah tergantung jaman. Gaya hidup bisa dilihat dari pakaian, bahasa, k...

Search This Blog

Translate