Wednesday, February 5, 2020

Kecap Asal


A. Kecap Asal
            Kecap asal nyaeta : Kecap anu tacan dirapeabah di rarangkenan, boh dilebah wangunanana. Kecap asal heunteu meunang dipandakeun deui, tanpa leungit hartina saperti : jalma, budak, sato, kuda, tangkal, dahar, peuteuy, karang, batu, sangu, cai dst.
            Sakapeung tina sawatara kecap asal sok bisa keneh dikanyahokeun jangkarna saperti : mentas, reuntas, méntas, gétas, tutas, jangkarna tas anu ngandung harti patang. Ikét, rukét, pukét, likét jangkarna “kit” anu nuduhkeun hartina dalit ngahiji. Elar, jalar, lalar, tétélar jangkarna lar = Panjang, nanjang.
            Balém, kalém, tilém, kulém jangkarna lém = nutup, leungit; katon,pinton, panon, slaaton, tengton jangkarna ton = tenjo dst. Jadi kecap-kecap anu sarua jangkarna boga dasar nu sarua.
            Aya deui kecap-kecap anu meh sarua tulisanana sarta boga hartina dasar anu sarua deuih, saperti : geutah jeung geutih, suku jeung soko, tangguh jeung tanggoh, kurang jeung kirang, galar jeung galur, tanah jeung taneuh, geulang, gilung, galang, galing, kalang, kalung, kaling, borok, buruk, bérék, djst.
            Kecap anu kitu disebutna : Kecap sawanda leuwih tetela sawandana, umpama eta kecap-kecap ditulis ku aksara sunda : bedana ngan ukur dina “rarangkenan” (panghulu, pamépét, panyuku djst).
            Makena teu beunang dipacorokeun upama : suku kuring getihan, teu bisa diganti ku soko kuring geutahan.
            Anu sok beunang dipacorokeun makena mah nyaeta : kecap saharti, tegesna kecap-kecap anu sarua atawa meh sarua hartina sanajan sakapeung heunteu keuna pisan. Kecap saharti mah rereana bisa dipake ngaganti kecap saharti nu sejen, saperti : Naha bet kawas semah, make kudu ditawaran.
               Naha bet cara semah, maka kudu ditawaran
               Si Kabayan jalma miskin tur geus kolot
               Si Kabayan jalma malarat sarta geus aya umur
   Ku sabab geus poek kuring nyeungeut lampu            
   Lantaran geus poek kuring ngahurungkeun damar
kecap-kecap saharti teh dina basa asing disebutna : synonym. Sabalikna tina synonym nyaeta : homonim. Ieu mah kecap anu ngandung harti leuwih ti hiji.
Contona :
Jero      1. : sabalikna tina luar
            2. : sabalikna tina deet
palay    1. : lemesna tina hayang
            2. : lemesna tina tunduh
            3. : lemesna tina cape
pati      1. : kapala (bupati, senopati)
            2. : paeh (bela pati, kapati-pati)
            3. : aci (cipati)
            4. : teu sabaraha (teu pati beuki ) djst.


  1. Panghulu gunana pikeun ngarobah huruf a jadi i
  2. Panyuku gunana pikeun ngarobah huruf a jadi u
  3. Panolong gunana pikeun ngarobah huruf a jadi o
  4. Paneling gunana pikeun ngarobah huruf  a jadi é
  5. Pememet gunana pikeun ngarobah huruf a jadi eu
  6. Pamaeh gunana pikeun ngaleungitkeun vokal a

Sajak
Contoh sajak : anu make lagam, intonasi, eusina.
Ciri sajak, aksenna
Tengah peuting jeumplang jeumpling è digunakan aksen gabungan sababaraha aksen anu dihijikeun.
d. Aksen Randegan





No comments:

Post a Comment

About

About

loading...

Pengaruh Gaya Hidup di Masa Pandemi Covid-19

Gaya hidup adalah bagian dari kebutuhan sekunder manusia yang bisa berubah tergantung jaman. Gaya hidup bisa dilihat dari pakaian, bahasa, k...

Search This Blog

Translate