Wednesday, February 5, 2020

Soal Latihan UN SMP Bahasa Sunda


1.      Babasan panjang leungeun larapna anu merenah aya dina kalimah ….
A.    Nu panjang leungeun mah biasana sok tual-toel
B.     Budak nu panjang leungeun mah so puak-paok
C.     Doni mah panjang leungeun, da sakitu daekannana
D.    Nita mah budak panjang leungeun, nilai rapot na oge alus

2.      Bi kumaha damang? Mudah-mudahan Bibi salawasna aya dina kaayaan sehat.
Ungkara dina sempalan surat pribadi di luhur teh kaasup kana bagean…
A.    Salam bubuka                                                  C. Bubuka surat
B.     Eusi surat                                                        D. Salam Panutup

3.      Bagean surat nu nuduhkeun tempat, tanggal, bulan, jeung taun ditulisna surat nyaeta…..
A.    Bubuka                                                            C. Titimangsa
B.     Eusi                                                                 D. Panutup

Panalungtikan di Amerika kana produk olahan anu asalna tina kadele, saperti tahu jeung tempe netelakeun yen eta kadaharan teh bisa ngurangan  kadar koresterol 9,3 % dina waktu 6 nepi ka 12 minggu.
Lamun unggal poé ngadahar kadaharan tina kadelé 31 – 41 gram, bakal mampuh nahan kolesterol serum jeung kolesterol LDL. Turunna kadar kolesterol téh bakal katara pikeun anu kadar kolesterol dina awakna antara 250 – 300 mg/dl, nyaéta 7,4%. Pikeun anu kadar kolesterolna luhur pisan bisa turun nepi ka 19,6%.

4.      Kacindekan (kasimpulan) paragrap ka hiji tina sempalan esey di luhur nyaeta…
A.    Tempe jeung tahu mangrupa kadaharan nu gede gunana
B.     Tempe jeung tahu mangrupa olahan tina kadele anu ngeunah pisan
C.    Olahn tina kadele seperti tempe jeung tahu bisa ngurangan kadar kolesterol
D.    Kolesterol bisa turun ku cara dahar kacang kadele unggal poe

5.      Di antara cara anu bisa dilaksanakeun samemeh ngarang esey, iwal….
A.    Netepkeun pasualan atawa perkara nu rek ditulis
B.     Mikiran pijuduleun anu matak ngirut ka nu maca
C.     Nyusun raraga karangan
D.    Meuli heula Koran atawa majalah

6.      Memeh ngarang esey, perlu ngumpulkeun data atawa bahan tina buku, majalah, atawa internet nu tujuanna pikeun…
A.    Ngarojong eusi karangan                             C. Nyusun raraga karangan
B.     Nyieun judul karangan                                    D. Netepkeun jumlah paragraph karangan

7.      Karya sastra winangun prosa reakaan (fiksi) dina wangun lancaran tur alur caritana ngarancabang (kompleks), biasana tokohna loba, alurna panjang, latarna laluasa, tur eusi caritana nyaritakeun kahirupan sapopoe, disebut….
A.    Carpon                                                            C. Pantun
B.     Dongeng                                                         D. Novel
8.        Kecap takwa asalna tina basa arab nu hartina…..
       A. syukuran                      B. taat ka Allah                        C. sieunan                    D. éléhan
9.      Novel sunda nu pangheulana medal dina taun 1941 nyaeta…
A.    Baruang Ka Nu Ngarora karya D.K. Ardiwinata
B.     Siti Rayati karangan Muhamad Sanusi
C.     Agan Permas Karangan Yuhana
D.    Pangeran Kornel karangan R. Memed Sastrahadiprawira
10.  Unsur pangwangun novel anu eusina nyaritakeun waktu jeung tempat lumangsungna kajadian dina carita disebut….
A.    Jejer                                                                 C. Galur
B.     Amanat                                                           D. Latar
MEMENIRAN
Nagara urang nagara nu subur ma’mur. Loba tutuwuhan anu bisa dijadikeun ubar. Ngagunakeun ubar tradisional, bisa disebut leuwih aman tina efek sampingna. Salahsahiji tutuwuhan obat tradisional Indonesia diantarana memeniran. Kaasup tutuwuhan anu mujarab pikeun nyageurkeun kasakit maag.
Tangkal memeniran sering kapanggih lamun urang ulin ka tegalan, sisi kebon atawa pakarangan kosong teu kaurus. Jangkung tangkalna teu leuwih ti dua jeungkal ramo panangan déwasa. Wangunna siga tangkal asem anu dibonsay. Rupa daunna héjo aya titik-titik di bagéan handapna, watangna leutik sagédé cinggir anu rupana héjo ngora. Biasana tumuwuhna di antara jukut anu ngajejembrung.
Nurutkeun panalungtikan paraahli, ti taun 2000, memeniran resmi jadi ubar urang India. Sababaraha jenis tumuwuh subur di nagara-nagara Asia saperti Indonesia, China jeung Filiphina. Dina basa Inggris memeniran téh disebut Child Pick a Back, sedengkeun dina basa India disebut Pitirishi, Budhatri.
Kabéh bagian tina tangkal memeniran ieu, ti mimiti akar, watang jeung daun bisa dipaké ubar. Salian ti maag kasakit anu bisa diubaranana rupa-rupa kayaning infeksi liver, hépatitis, ngalancarkeun kahampangan, malaria jeung batu ginjel.

11.  Anu jadi jejer dina wacana di luhur nyaeta….
A.    Ubar tradisional                                           C. Cara melak ubar tradisonal
B.     Mangfaat tutuwuhan                                                 D. Cara ngolah ubar tradisional

12.  Artikel anu judulna “memeniran” patali jeung widang ….
A.    Atikan                                                                        C. Kasehatan
B.     Lingkungan                                                    D. Kaagamaan

13.  Ubar tradisional mah teu nimbulkeun efek samping.
Efek samping hartina......
A.     Hasiat                                                                         C. Kagunaan               
B.     Balukar tina hiji perkara                              D. Hasil tina hiji perbuatan

14.  Boga duit sautak saeutik teh tabungkeun, sing bisa…..atuh ulah jajan bae.
A.    Cikaracak ninggang batu                               C. Mipit kudu amit ngala kudu menta
B.     Ngeuret neundeun                                       D. Jati kasilih ku junta

15.  Ih, kumaha ieu teh bet……, can gawe tapi geus menta buruh.
A.    Nete taraje nincak hambalan                         C. Pacikrak ngalawan merak
B.     Pupulur memeh mantun                             D. bonteng ngalawan kadu
Isah         : “Rat, PR Basa Sunda téh tos réngsé teu acan ?”
Ratih       : “PR nu mana téa nya ?”
Isah         : “Eta geuning ngadamel sisindiran !”
Ratih       : “Oh, éta. Nu mawi abdi mah teu acan. Dupi Isah, PR-na tos bérés kitu ?”
Isah         : “Parantos, kaleresan dirorompok aya Aa, pinter ngadamel sisindiran .”
Ratih       : “Euleuh resep atuh nya ari aya nu ngabantosan  mah!
                  Abdi mah teu aya pisan nu tiasa diajak badanten. Janten sakalieun aya PR nu sesah téh sok binggung.”
Isah         : “Ah, tong bingung-bingung atuh. Sumping ka rorompok pan caket. Urang sasarengan diajar. Pun lanceuk sareng pun Biang mah pasti bingaheun geura.”
Ratih       : “Insya Alloh ka payun mah.”

16.  Saha palaku din paguneman di luhur nu boga maksud ngajak ngarengsekeun PR?
A.     Isah                                                                C. Lanceuk Isah
B.     Ratih                                                              D. Lanceuk Ratih

17.  Naon Sababna ratih ngarasa bingung?
A.     Sabab teu boga lanceuk                                  C. Sabab PR-na can anggeus
B.     Sabab geus bisa ngarengsekeun PR                D. Sabab taya nu bisa diajak badami
18.  Ieu di handap mana kecap barang anu nuduhkeun alat?
A.     Paneunggeul                                                  C. Mobil
B.     Imah                                                               D. Lembur

19.  Pagelaran drama anu dipintonkeun disebut….
A.     Rampak sekar                                                            C. Aransemen
B.     Wirahma                                                        D. Gending karesmen

20.  Mana kalimah langsung anu bener!
A.     Saha anu teu sakola?                                              
B.     “Keur naon gunana memeniran teh?” Iwan nanya.
C.     Iraha rek indit ka Jakarta teh?                                
D.     Iwan nanyakeun gunana memeniran teh.

No comments:

Post a Comment

About

About

loading...

Pengaruh Gaya Hidup di Masa Pandemi Covid-19

Gaya hidup adalah bagian dari kebutuhan sekunder manusia yang bisa berubah tergantung jaman. Gaya hidup bisa dilihat dari pakaian, bahasa, k...

Search This Blog

Translate