Wednesday, February 5, 2020

Sora, Engang, Kecap jeung Kalimah

V. Sora
Rupa-rupa sora anu ngawujudkeun basa sunda ku aksara laten digambarkeunnana ku :
A. Vokal (Vokaal) atawa aksara sora nyate : a, i, u ê, o, é, eu,
Dina basa Sunda teu aya vokal rangkap  atawa diptang
Partai (Ind) = partey (Sd)
B,  konsonan atawa wianjana nyaeta :
h, n, ty, r, k, d, t, s, w, l, p, dj, j, ny, m, g, b, ng
Konsonan dikedalkeunnana dina cacarakan sunda make vokal a, jadi :
Ka, na, ca, ra, ka djst. (ngalaguna)
Sakabeh wianjana anu ditulis kudu diucapkeun kalawan eces, saperti : tidak heunteu dibaca tida, diburuhan heunteu dibaca diburuan.

VI. ENGANG

1. Vokal mangrupa : 1) engang, upamana
a dina kecap a – rak
i dina kecap i – tu
u dina kecap u – rang djst.
            Ari konsonan mah bisana jadi engang teh kudu ditambahan ku vokal, upamana :
Ka, ne, ci, ra, ku, ah, eh, an djst.

VII. KECAP

Kecap bisa diwangun ku hiji engang saperti : Ah, duh, ti, ka, nu, jeung, di djst, tapi bisa oge ku dua engang atawa kawih, saperti : hi – ji, du – a, a – nak, je – le – ma, ba – ba – ri, pe – pe – ta djst.

VIII. JANGKAR KECAP JEUNG KECAP ASAL

Bisa jadi asalna ma kecap teh lolobana ngan 1 engang, upamana :
Ngebut bisa jadi asalna tina but
Gebrug bisa jadi asalna tina brug
Beledug bisa jadi asalna tina dug, djst.
“But,brug, dug” djst ngaranna jangkar-kecap. Ari gebut, gebrug, beledug ngaranna kecap asal. Engang panambahna : gé, bé, lé, djst. Lain rarangken tapi pangwangun kecap (Formant, formatible).

IX. KALIMAH
Kalimah nya eta 1 bagian basa nu pangpondokna pikeun ngeudalkeun eusi hate. Kalimah bisa diwangaun ku 1 kecap, upamana :….aduh !”, Euleuh!”, Euy !” tapi biasana mah ku leuwih 1 kecap upamana :
Meja buleud                            Mang Ata nulis surat
Kuring diuk                             kamana ari jalan ka Cikalong ? djst

Eces : jelas

No comments:

Post a Comment

About

About

loading...

Pengaruh Gaya Hidup di Masa Pandemi Covid-19

Gaya hidup adalah bagian dari kebutuhan sekunder manusia yang bisa berubah tergantung jaman. Gaya hidup bisa dilihat dari pakaian, bahasa, k...

Search This Blog

Translate