Dangding Sunda sakajudi, titisan ti pupuhunan, beubeunangan
soson-soson, kekel kana tatarosan, ti bangsa nu budiman, prabujangga juru lagu,
nu paham kadongkarian.
Ari ieu nu digurit, lampah ménak jaman kuna, masih kaom
buhun kénéh, wantu alam kadéwaan, sumembah ka sangiang, munjungna ka sang
rumuhun, nyambat ka para batara.
Beunang nungtik ti leuleutik, nyutat nyatet ti bubudak,
tataros ti kolot kahot, juru dongéng alam kuna, ayeuna ditukilna, disusurup
kana lagu, ditulad dijieun babad.
Manawi baé ngajadi, ku sadaya dimaranah, didamel conto
lalakon, kana geusan kamulusan, jalan kasalametan, satungtung nyandangan hirup,
rumingkang di pawenangan.
Di dieu babad teu sepi, anu murka anu satia, kabéh watekna
katangén, sarta leuwih-leuwih nista, ngeunahna tugenahna, ganjaran nu mulus
laku, naraka ku lampah murka.
Wiwitan anu digurit, aya sahiji nagara, gedé sarta leuwih
ramé, ngaran nagara Riskomar, dina jaman harita, kamashur ku tina unggul, ti
saban nagara lian.
Kereta sartana mukti, henteu aya kakurangan, sumembor ka
nagri séjén, tina kamulyaanana, sagala hahasilan, samalah enggeus kasebut,
huluwotan dayeuh lian.
Ari anu jadi narpati, ratu di nagri Riskomar, Sri Maha Déwa
Pramayon, kongas adil palamarta, pinter sugih tur gagah, loba ratu anu taluk,
jadi bawah paréntahna.
Kagungan putra sahiji, Sang Ratu ti praméswari, pameget
kalangkung kasép, dina jaman harita mah, kongas ka sabuana, kakasihna nu
kamashur, Pangéran Purnama Alam.
Istu kasép katambah lantip, netepan kasatriaan, taya
bubudéning goréng, wantu bener kusumahna, nyekel karaspatian, lungguh pancuh
wuwuh ampuh, nyegah sakur lampah salah.
Ngan aya ku saperkawis, pasangaran salirana, nu narik kana
cocogéh, lantaran leuwih kasépna, loba nu kaédanan, asal kapincut kairut,
istri-istri sadayana.
Najan nu boga salaki, ngadadak ménta ditalak, hayang ka
Pangéran Anom, tapi arambon sorangan, taya du dilawanan, kantun ngaberung
napsu, murudul abrul-abrulan.
Tatapi Sang Putra tigin, henteu bingbang teu kagémbang, ku
istri anu tarémbong, nutup anjeun di kaputran, lenggah di pagulingan, buku anu
digugulung, nalék sakur kitab-kitab.
Sabab anu dipigalih, gampang lampah kalacuran, hésé mun
ngalap pangartos, bagbagan kasasmitaan, margi langkung kekelna, nyurupkeun ka
jero kalbu, nyangsangkeun kana pangrasa.
Tambah harita geus nyangking, papacangan baris garwa,
pangrérémo Sang Narpatos, Kaswati jenenganana, putri nagri Ambarak, rujuk sepuh
pada sepuh, jalan hayang bébésanan.
Tatapi malah ngajadi, sumpeg galih Sang Sri Nata, aringgis
rérémo bedo, ku sabab Pangéran Putra, tacan kersa garwaan, da nuju ngalap élmu,
palay jembar pangawasa.
Mungpang ka pangersa Gusti, Pangéran Purnama Alam, teu kersa
jadi pangantén, ka putri Ratu Ambarak, malah aya saurna, kajeun dihukum
gantung, dibuang ka tempat anggang.
Jeung tinimbang kana kénging, ku rama dipaksa nikah, kajeun
ngalolos ngaléos, nyingkiran ka nagri lian, kitu manah Sang Putra, atuh Ratu
wuwuh éwuh, sumawonna praméswara.
Turug-turug sering nampi, serat ti Ratu Ambarak, ka kersa
Sang Narpatos, ngangkeran nikahkeun putra, tina enggeus sedengna, nikahkeun nya
mulung mantu, ka Sang Pangéran Purnama.
Éta leuwih-leuwih jadi, sumpeg galih Sang Sri Nata, ari rék
neda bedo, tinangtu jadi isinna, ka Sang Ratu Ambarak, malah tangtu aya
tungtung, kana marga kaawonan.
Kadangkala sami lai, bawaning nular cecela, awal ahir hujan
pélor, wantu sami jembar manah, ngambah ing danalaga, pada cukup bataliun, sami
tedak sénapatya.
Sareng kadua perkawis, kasumpeg Sri Maha Raja, margi Sang
Pangéran Anom, ku Raja geus kauninga, matak guyur nagara, ngusutkeun piker nu
lembut, nyusahkeun para kapala.
Gujrud awéwé sanagri, pada nandang kaédanan,
paroho ampir garélo, sok aringgis jadi matak, sangar nagri Riskomar, Ratu
langkung paur kalbu, inggis bahya kumaonam.
No comments:
Post a Comment