Harita Sri Maha Raja, keur linggih di srimanganti,
sasarengan praméswarana, dideuheusan ku papatih, Arya Gundara Pati, teu lami
Ratu ngadawuh, éh Patih marga kakang, nyaur téh arék badami, hal perkara si
ujang Purnama Alam.
Éstu matak jadi susah, ngarudetkeun kana ati, karasa dua
perkara, gumanteng dina sanubari, aria nu ngajadi, kana tungtung kabingung,
kahiji nu geus nyata, Ki Purnama Alam mungkir, ka Kaswati nampik teu daékeun
nikah.
Jeung kadua perkarana, kakang leuwih-leuwih risi, ku watek
Purnama Alam, bet matak nyangarkeun nagri, geus manggih béja sidik, awéwé pada
kairut, tagiwur ura-ara, teu tolih boga salaki, pada datang ngahelaran ka
kaputran.
Éta leuwih matak susah, pasti jadi guyur nagri, baruntak
jeroning kota, asal henteu répéh rapih, abdi-abdi nu leutik, tangtu tagiwur
timburu, moal aya luluasan, jeung pasti moal sak deui, matak nungtun bahya ka
Purnama Alam.
Tah éta kuma petana, kakang leuwih susah ati, cing ayeuna
kakang ménta, pirempug Ki Arya Patih, akal geusan lastari, nu bakal ngabendung
bingung, mukahkeun kasusahan, henteu lami Arya Patih, nyembah hurmat ngawangsul
ka Sang Sri Nata.
Abdi dalem nampi pisan, kana sadaya panglahir, pasal ngagem
kasumpegan, kersa Dalem nu sayakti, ku abdi dalem kéring, sakalintang marga
éwuh, mung hatur permuhunan, yaktos putra Dalem mugi, ulah waka dipaksa kana
garwaan.
Boh bilih dina ahirna, putra Dalem hanteu jadi, kana marga
kalulusan, pista ka putri Kaswati, ngabongankeun di ahir, ka kersa Dalem nu
éstu, tangtos wuwuh kaéwuhan, kana selebeting galih, putra Dalem Sang Sunu
Purnama Alam.
Amung manawi rempag mah, klayan kersa Dalem yakti, saé jujur
kahoyongna, ngalap sipat ilmi-ilmi, haliah lahir batin, nyusul panemu nu
luhung, geusan kawilujengan, teu lami Ratu ngalahir, najan kakang teu pisan rék
ngahalangan.
Kana maksud Ki Purnama, yén nyiar bangsa pangarti, malah
jadi kabungahan, ngan nyaéta anu jadi, ku embung boga rabi, kadua ku matak
guyur, anu bakal ngagoda, awéwé nu jadi iblis, kasétanan narik lampah kalacuran
Tatapi lamun rempug mah, reujeung Ki Aria Patih, ka kakang
baréto aya, hiji wiku ménta idin, cicing di tepiswiring, tanah pangawatan
kidul, di gunung Gurangsarak, ménta jadi guru santri, rék ngamalkeun kitab
papagon agama.
Ku sabab éta ayeuna, pamaksud kakang pribadi, perkara
Purnama Alam, arék dijurungkeun indit, sina di wiku cicing, minangka buang ka
gunung, pasantrén Gurangsarak, sugan sanggeus jadi santri, purun nikah ka Putri
Ratu Ambarak.
Arya Patih ngawangsulan, menggah abdi dalem yakti, katur
sakalimpang rempag, kana sadaya panglahir, amung kedah dijagi, bilih ngalolos
teu puguh, ti gunung Gurangsarak, saur Ratu bener Patih, poé ieu isuk
anteurkeun ku saréréa.
Ayeuna kudu sadia, gulang-gulang para mantri, nganteurkeun
Purnama Alam, ka resi paguron santri, reujeung ayeuna misti, nitah mantri
buru-buru, ka gunung Gurangsarak, mawa surat keur ka Resi, méré terang baris
datang Ki Purnama.
Sanggeus nambahan Sri Nata, lajeng miwarangan mantri, nyaur
Sang Purnama alam, gancangna anu digurit, Pangéran Putra sumping, ngadeuheus ka
payun Ratu, lenggah bareng jeung sembah, henteu lami Sang Narpati, ngadawuhan
ka Raja Putra Purnama.
Éh Ujang Purnama Alam, anak ama buah ati, anu matak
dicalukan, ama téh arék badami, ku sabab leuwih-leuwih, ama nandang pikir
sukur, bungah taya papadana, nénjo ka ujang pribadi, junun wekel kana ngalap
pangabisa.
Malah geus jadi utama, nyangking harti pilih tanding, tur
mashur satia rasa, ama leuwih bungah ati, ngan aya anu jadi, kana ngaburungkeun
sukur, matak rémpan pikiran, ama manggih béja sidik, yén ujang téh matak
tagiwur nagara.
Ku sabab éta ayeuna, purun gé misti, ujang téh saheulaanan,
ulah aya di jro nagri, saméméh boga rabi, kudu masantrén ka wiku, di gunung
Gurangsarak, tempat jauh sarta suni, itung-itung nyingkiran kabalahian.
Jeung kadua perkarana, ama engeus tampa deui, pangangken
Ratu ambarak, nikah téh ngajakan gasik, di bulan hareup misti, ku ama enggeus
diwangsul, neda témpo heulaan, disebut ujang keur ngaji, di pasantrén Resi
gunung Gurangsarak.
Anu matak kudu pisan, ujang téh ulah rék mungkir, masantrén
di Gurangsarak, poé pagéto nya indit, dianteur ku pramantri, Sang Putra nyembah
ngawangsul, ka rama Sri Maharaja, jeung tumungkul langkung ajrih, abdi Gusti
mung hatur sadaya-daya.
Sumeja kumambang pisan, kana sugrining panglahir, mios ti
dayeuh Riskomar, ka padésan tepiswiring, gunung liwung nu rumbit, nenggah abdi
gusti éstu, sumawonten parekna, dipangkonan dampal Gusti, najan tebih raratan
meuntas lautan.
Abdi Gusti tumut pisan, ing siang kalayan wengi, Sri Maha
Ratu ngandika, sukur ujang henteu mungkir, ayeuna sing tarapti, bébérés jeung
urus-urus, bawaeun barang uang, ulah aya anu kari, barang-barang pangeusi
karang kaputran.
Ari pangéran Purnama, lain jadi ngangres galih, yén nampi
dawuhan rama, teu kénging aya di nagri, anggur leuwih ngajadi, nandang
gumbirana kalbu, anu anu jadi sabab, pangbingahna lantaran tebih, reujeung anu
rék maksa kana garwaan.
Gancang ieu carita, tunda nu aya di nagri, kacatur di
Gurangsarak, ngaran pasantrén Pramanik, kénging ngalandi resi, dimashurkeun
ngaran kitu, ari jenenganana, éta anu jadi resi, kongas nelah Sang Resi Muhamad
Kurbah.
Kamashur kamana-mana, resi pasantrén Pramanik, pupujaan
ménak-ménak, sipat masalah anu muskil, nu rumbit dina ati, élmu kalawan panemu,
baris dunya ahérat, didadar dijieun hasil, dibuktikeun pertata pasal percéka.
Tani tigin heunteu tuna, jujur maju ngajar
ngaji, ngajadi pandita harja, hanteu jurang harta-harti, padamaelan binangkit,
bangsa ngarara ngararut, sarta ukir-ukiran, ngajeujeut jeung ngamanjait, pinter
ngatur ngéndah-ngéndah palataran.
No comments:
Post a Comment