Waktu éta pasantrén Pramanik, langkung-langkung jembar sarta
hégar, taya bangsana pasantrén, tina jembarna guru, nyieun conto ka
santri-santri, mentalkeun hal ihtiar, malar senang hirup, nandangan di kamulyaan,
kacaturkeun éta Sang Wiku Pramanik, kagungan hiji putra.
Putra istri sarta leuwih geulis, kakasihna Sang Déwi Kania,
tacan kagungan carogé, geulisna punjul, manjing basa lir widadari, yuswana
kira-kira, lima welas taun, éndah taya papadana, sarta pantes disebut mustika
istri, waktu jaman harita.
Eukeur geulis kawuwuhan rajin, percékana sagala iasa, sipat
papagon awéwé, kasar mori teu wudu, turug-turug sabar tur lantip, sabab watek
kalimah, wantu putra wiku, ngagem jatining Patimah, sarta nitis sumari di
sanubari, dianggo salawasna.
Enya éta kasetyaan galih, angkuh timpuh lungguh hadé lampah,
saréséh saé bubudén, cangker singer tur akur, yasa basa jeung tata-titi, mun ka
sémah soméah, tindak undak-usuk, balabah gedé wiwaha, sarta surti kana sagala perkawis,
élmu kasasmitaan.
Ari tata-titi leuwih rintih, tindak-tanduk teu aya awonna,
éstu mo aya nu nendéng, marga alusna mulus, malah loba resi nu sumping, jeung
ménak nu uninga, ti nu jararauh, ngalamar Déwi Kania, sami wirang lantaran
henteu ditampi, ku Putri Gurangsarak.
No comments:
Post a Comment