Friday, May 3, 2019

RAMAYANA



Arya kumbakarna teh saurang pati ti karajaan Alengka Dirja. Ciri khasna teh nyaeta awakna nu gede, buluan dadana sabab manehna katurunan Buta atawa Dewana. Arya gaduh lanceuk nu ngaranna teh Dasa Muka alias Rahwana ti karajaan Angkara Murka jeung kejam. Rahwana oge ngagaduhan pun adi anu ngaranna teh Gunawan. Tapi sifatna sabalikna ti Rahwana. Gunawan anu dianggap pembelot ku Rahwana sabab Gunawan ngahiji sareung musuhna nyaeta Ramayana.
Salian Kumbakarna ngagaduhan pun adi istri nu ngaranna Salfinawa jeung oge ngagaduhan mamang anu ngaranna Prahasta. Tapi mamangna teh gugur ku Hanoman waktos Rahwana diculik ku Dewi Sinta anu kacida pisan kalakuanana. Prahasta pupus di mana sirahna dipotong ku Hanman. Saterasna di gulingkeun ka payuneun Rahwana. Rahwana ge dina kaayaan nu sedih ku pupusna Prahasta jeung oge kaleungitan Gunawan anu di pikanyaahna.
Sri Rama nu kantos masihan kasempetan sangkan Rahwana sadar tina kasalahanana. Tapina Rahwana miboga sangkaan anu goreng , manehna kalah ambek. Kumbakarna salaku dulur deukeutna nyoba mukakeun pamadeganana sarta nyadarkeun Rahwana. Tapina Rahwana teu ka pangaruhan jeung leuwih geram. Rahwana menta bantuan Kumbakarna kanggo ngahogaan Dewi Sinta. Tapina Kumbakarna nolak sacara halus, saking ambekna Rahwana ngusir Kumbakarna jeung ngancem moal mere harta warisan. Rahwana teu tega mutuskeun tali babarayaana sareung Kumbakarna.

Tapina Kumbakarna ambek terus balik nuntut, menta hak warisan ti kaluargana. Sarta siap ngahadapan pun lanceuk. Omonganna bener pisan di laksanakeun. Rahwana anu tara nyerah ngucapkeun pangampura ka kabeuh jelema. Tapi ieu anu kahiji kalina Kumbakarna ngucapkeun pangampura jeung menta ngarah Kumbakarna hayang perang ngalawan Sri Rama, haei na nepi kaluruh.
Akhirna Rahwana mantuan dina perang sanajan manehna ka paksa kudu ngalawan pun adi anu di pikanyaahna, nyaeta Gunawan Wibisana. Kumbakarna perang lain ku sabab ngabela bangsa jeung nagarana .
Puncak gunung gokarna mah nyaeta tempat Kumbakarna ulin jeung Gunawan. Tempat eta nu nyimpen loba kenangan sareung pun adi anu di pikanyaahna.

Tapi ti sebrang nu sanes di Gunung Samulya pasukan serRama jeung aya loba jelema monyet diantarana Anoman, Suganda nu siap kanggo ngahadang pasukan Buta anu ngabawa kumba sabab teu jauh tidinya sri Rama Laksamana jeung Gunawan nyaksian jelema monyet nu perang ngalawan musuhna. Loba Buta nu pupus ku gada prajurit jelema monyet, perang nu kajadianna antara Rahwana jeung Sri Rama, sabenerna mah urusan pribadi. Tapi ayana kaserakahan Rahwana rakyat oge anu janten korbanna.

Salian kitu oge nyawa anu di korbankeun Rahwana raja Alangka Dirja. Tapi rarasaan dulurna mah anu janten di libatkeun, saperti nu kajadian ka Kumbakarna jeung Gunawan, maranehna kapaksa papisah mangtaun-taun anu sakitu lilana tapi maranehna saling pikanyaah pisan. Tapi mun papanggih kaduana sok kapaksa kudu perang di pihak anu berlawanan. Gunawan di usir ku Rahwana lantaran nolak kabejatan Rahwana kusabab kitu Gunawan di usir ku Rahwana.
Sawaktos Sugriwa ngalakonan ngalawan Kumbakarna anu sempet-sempetna lengit tina perang nu senggitna, Sugriwa loncat ngagalantungan dina awakna Kumbakarna. Sugriwa nu kantos numpak kana puggung Kumbakarna jeung nyepengan sirahna jeung di jeweran duanana cepil Kumbakarna nepikeun ka rawing. Salian ti eta irung Kumbakarna ge di geugeul.
Tragis pupusna Kumbakarna pikeun ngalakonan sareung Laksamana Kumbakarna ngalungkeun awak Laksamana ka loba jelema monyet nu aya di dinya. Tapi Laksamana tiasa bankit deui teras nyabut panahna kanggo ngabidik Kumbakarna. Panah oge nusuk panangan katuhu Kumbakarna nepi ka buntung na. Laksamana di tegur ku Rama ku sabab di anggap mainkeun pupusna Kumbakarna. Sabenerna mah Laksamana ngamaksud ngabidik tenggorokanana Kumbakarna. Tapi sasaranna meleset jadi Rama nu nyokot alih parlawanan. Teras panah beunang kana lengeun kenca Kumbakarna sedengkeun bidikan panah anu kadua beunang kana suku kenca Kumbakarna.
Sateuacan jelang pupusna Kumbakarna, manehna hayang papaanggih sareung Gunawan. Gunawan oge di izinan ku Rama kanggo papanggih jeung Kumbakarna. Tapi nembe satengahna perjalanan, Gunawan balik deui ku sabab manehna teu tega ningali kaayaan Kumbakarna ti kadeukeutan, saatos dua lengeuna jeung hiji suku Kumbakarna buntung kapanah nepi ka Kumbakarna teu tiasa tatih, awak Kumbakarna oge gulang-guling wae.

Rama ge masihan kasempetan nu kadua ka Gunawan kanggo papanggih jeung lanceukna nyaeta Kumbakarna. Akhirna Gunawan miboga nyali kanggo papanggih jeung Kumbakarna. Gunawan sedih pisan ningali kaayaan Kumbakarna. Tapi Kumbakarna anu kantos pasrah kana kaayaanana. Kumbakarna ngarasa bungah pisan ku sabab anjeunna tiasa papanggih sareung Gunawan. Sateuacan pupus, Kumbakarna mere amanat ka Gunawan kanggo ngumpulkeun kabeuh awakna anu leungit ka bidik ku panah.



Supaya barudak terang kana hiji-hijina ngaran wayang,urang tataan ngaran wayang anu aya dina wayang golek :
1. SANGHIANG TINGGAL. Anu ngarajaan para dewa di Sawarga Maniloka
2. SANGHIANG RANCASAN. Putra cikal Sanghiang Tunggal. Pasipatanana hawek.
3. SANGHIANG ISMAYA. Putra na Sanghiang Tunggal anu salin jinis jadi Semar.
4. SANGHIANG ANTAGA. Putra Sanghiang Tunggal anu salin jinis jadi Togog.
5. SANGHIANG PARAMESTI. Putrana Sanghiang Tunggal anu neraskeun sesepuh para Dewa di Sawarga Maniloka, nganggo jenengan Batara Guru.
6. BATARA BAYU. Golongan Dewa di Sawarga Maniloka,
7. BATARA INDRA. Dewa anu pangkasepna di Sawarga Maniloka.
8. BATARA SURYA. Anu ngatur panonpoe di Sawarga Maniloka.
9. PANJI NARADA. Kabayan Dewa, purah diutus ku Batara Guru.
10. DEWI SUPRABA. Prameswari Batara Guru. Pamingpin para widadari.
11. SEMAR. Aslina Sanghiang Ismaya.Jadi panakawan Pandawa.
12. Dewi SUTIRAGEN. Istrina Semar cicicng di Karang Tumaritis.
13. ASTRAJINGGA. Katelahna COPET anak-anakan Semar pangcikalna.
14. UDAWALA. Anak-anakan Semar.
15. NALAGARENG.Katelahna GARENG, anak-anakan Semar anu bungsu.
16. BAGAWAN PALASARA.Tutunggulna Kurawa jeung Pandawa.
17. BAGAWAN ABIYASA. Putrana Bagawan Palasara ti bDewi RARAMIS.
18. PRABU DESTARATA. Putra cikal Bagawan Abiyasa. Lolong ti barang lahir.
19. PANDU DEWA NATA.Putrana bagawan Abiyasa anu nyepeng nagara Astina.
20. BISMA. Putrana Bagawan Abiyasa, pamanna Kurawa sareng Pandawa.
21. DEWI KUNTI NALIBRATA. Prameswarina Pandu Dewa Nata.
22. PRABU YUDISTIRA/DARMAKUSUMAH/SAMIAJI. Putra cikal Pandu Dewa Nata.Jeneng Raja Amarta.
23. BIMA/WERKODARA. Putra ka dua Pandu Dewa Nata.
24. ARJUNA /JANAKA. Putra ka tilu Pandu Dewa Nata
25. NAKULA. Putra Pandu Dewa Nata ti Dewi Madrim (kembar)
26. SADEWA. Putra Pandu Dewa Nata ti Dewi Madrim (kembar)
27. DEWI DRUPADI. Prameswari Prabu Yudistira.
28. DEWI ARIMBI. Garwana Bimadi Nagara Pringgandani.
29. DEWI SUMADRA. Garwana Arjuna di Madukara
30. DEWI SRIKANDI. Garwa ka dua Arjuna.
31. PRABU SUYUDANA. Putra Prabu Destarata.Raja Astina.
32. DURYUDANA. Putra Prabu Destarata.
33. PRABU DRAWATI. Katelah Prabu Kresna papayung Pandawa ti Meralaya.
34. PRABU BALADEWA.Rakana Prabu Darawati (Kresna)
35. ADIPATI KARNA.Putra Dewi Kunti titisan Batara Surya.
36. PANDITA DORNA. Sesepuh nagara astina , asal ti Nagara Atas Angin.
37. PRABU SANGKUNI.Paman KKUrawa ti ibuna.
38. BAMBANG ASWATAMA. Putra Dorna ti Dewi Wilotama.
39. SENCAKI. Patih nagara Meralaya.
40. DEWI BONOWATI. Prameswari Prabu Suyudana.
41. DEWI JEMBAWATI.Prameswarina Prabu Kresna.
42. PRABU PRABAKESA.Pamanna Gatotgaca, Raina Arimbi.
43. DEWI GANDARI. Prameswari Prabu Destarata, ibuna Kurawa.
44. TOGOG TEJOMANTRI, Aslina Sanghiang Antaga ngawula ka Prabu Rahwana di karajaan Alengka.
45. PRABU RAHWANA/DASAMUKA. Raja murka nagara Alengka.
46. INDRAJIT. Putrana RAHWANA.
47. BAGAWAN GONJAKA. Ramana Pandita Dorna.
48. HANOMAN. Monyet bodas sakti.
49. NYAI GEDENG PERMONI. Ratu Silumanti nagara Setra Ganda Mayit.
50. GATOTGACA. Putrana Bima ti Dewi Arimbi,anu bisa ngapung.
51. ANTAREJA. Putra Bima ti Dewi Naga Gini, anu bisa nerus bumi.
52. JAKATAWAN.Putra Bima anu bisa hirup di laut/cai
53. ABIMANYU. Putra Arjuna ti Dewi Sumadra.
54. PANCAWALA. Putra Yudistira ti Dewi Drupadi.
55. SAMBA. Putra Kresna
56. PATRA KOMARA. Putra Suyudana.
57. WERSASENA.Putra Adipati Karna.

No comments:

Post a Comment

About

About

loading...

Pengaruh Gaya Hidup di Masa Pandemi Covid-19

Gaya hidup adalah bagian dari kebutuhan sekunder manusia yang bisa berubah tergantung jaman. Gaya hidup bisa dilihat dari pakaian, bahasa, k...

Search This Blog

Translate